Sejarah Perang Bubat Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka





Urang Jawa anu ngalumbara ka Bali tea beuki lami beuki ngirangan kajawaanana, tangtunana lajeng awor sareng urang Bali. Tah kitu ki Bujanggga anu nganggit Kidung Sunda teh geus moal boa tangtos turunan urang Jawa anu ngalumbara ka Bali tea.

Ari nu dianggitna hiji kajadian dina jaman Hayam wuruk bisa mimiti ngasta Majapahit.

Kieu ungelna eta Kidung teh : Prabu Anom hayam Wuruk ngalamar putri Sunda, sarta jangji yen Nyi Putri bade dijenengkeun prameswari. Lantaran Ratu Sunda percanten kana subaya Raja Majapahit, nya putra dipaparinkeun sarta dijajapkeun ku anjeun ka nagara picarogeunana, diiring ku pirang-pirang pangiring.

Hayam Wuruk Sayagi bade mapag priprameswarieun, nanging dihalangan ku Ki Gajah Mada, majar kirang peryogi Gusti Mapag urang Sunda sapertos ka sasama samartabat : kedahna mah Nyi Putri teh dianggo bakti ka Gusti, tawis gumusti.

Waktos urang Sunda ngiangkeun utusan, eta utusan, nya eta utusan ki gajah mada dihina sarta henteu dideuheusan ka Raja. Hayam Wuruk henteu kersaeun mondah kana alpukahna Patih mangkubumi : geus kitu bawaning kadar lat raja lali kana jangji tadi subaya ka Ratu Sunda.

Ku urang Sunda kahartieun yen Gaja Mada teh boga niat bade naklukeun. Gancangna mepek balad. Gajah mada nanya sakali deui ka urang Sunda, daek hanteuna ngabaktikeun Nyi Putri tawis Nyi Putri migusti, nanging Ratu Sunda teu kersaeun, der perang campuh, urang Sunda kasoran, Rajana pupus di pangperangan. ( ulah poho, yen inditna ka majapahit teh lain rek perang, tangtuna mawa balad ge moal rea).

Barang kadangu ku Hayam Wuruk, anjeuna kacida kaduhungeunana cidra ka jangji ka Ratu Sunda. Enggalna angkat ka tempat Putri, nanging Putri geus pupus suduk salira ngiring rama, Hayam Wuruk teu damang wales kasengsrem ku Nyi Putri dumugi ka pupusna.

Barang para pangagung bade ngahukum Gajah mada ngahiang gentos jasad, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, mulih ka jati mulang ka asal, sabab Gajah Mada teh sayaktosna mah titisan Batara Wisnu. (Wallaahu 'alam). Tina Kidung Sunda. ku : TB JAYADILAGA (salinan tina basa Walanda).

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Perang Bubat Bahasa Sunda

Posting Komentar