Sastra Sunda Guguritan

Dijual Buku Antik dan Langka

Orang Sunda di Priangan 1911

Wangenan
Guguritan asalna kecapna tina gurit. Mun seug dipapay leuwih jauh, kecap gurit téh asalna tina basa Sangsekerta grath, hartina nyusun karangan. Dina basa sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding. Ari hartina mah sarua baé nuduhkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun dangding. Cindekna nu dimaksud guguritan téh nyaéta karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh.

Dina kasusastraan Sunda karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh téh lain guguritan waé, tapi aya nu disebut wawacan. Ari nungabédakeun guguritan jeung wawacan, nya éta panjang pondokna eusi karangan. Guguritan mah paling panjang diwangun ku puluhan pada, sedengkeun wawacan mah karéréanna diwangun ku ratusan malah rébuan pada.


Gelarna dina sastra Sunda, guguritan téh mangrupa sastra sampeuran, nya éta ku ayana pangaruh tina kabudayaan Jawa.


Sabada Pajajaran runtag dina taun 1579, Pasundan kungsi diéréh ku Mataram. Kailaharan bangsa nu diéréh, sok tuturut munding kana kabiasaan bangsa nu ngéréhna, kaasup dina sual kabudayaan.

Loba pisan kabudayaan kabudayaan Jawa anu mangaruhan kana kabudayaan Sunda. Adat istiadat katatanagaraan jeung tatakrama hirup kumbuh urang Sunda harita loba anu ngeunteung ka Jawa. Ti mimiti cara nyieun surat, ngagunakeun basa, nepi ka papakéan loba anu nurutan kabiasaan urang Jawa.


Mangsa harita loba urang Sunda anu muka patalimarga ka Jawa, utamana ti golongan para ménak. Lian ti perlu pikeun nguruskeun masalah katatanagaraan, ogé r
éa urang Sunda anu ngadon sakarola ka Jawa. Di Jawana diantarana diajar perkara dangding. Sabada mulang deui di lingkungan masarakat Sunda. Dicutat tina: Sastra Ulikan Pangajaran Sastra Sunda Pikeun Murid SMTP .1983 Ku : Taufik Faturohman.

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda Guguritan

Posting Komentar