Upacara Adat Pernikahan Suku Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka




Upacara Pangremo
Pangreremo, padamelan sepuh baheula dina nyirian pi-minantueun. Boh ku neundeun saur cara nu heureuy, bob ku togmol, mun ningali budak pipanujueun. Saharita dipundut, ngajak bebesanan ti awalna keneh ka kolotna. Tapi teu sagawayah budak, milih putra-putra piderekan atawa nu saturunan keneh ti dituna.
Babakuna anu dipilih putra-putra baraya, tujuanana kahiji pikeun leuwih ngadeukeutkeun kabarayaan. Kadua milih turunan, bisi ka nu teu puguh indung bapana, si putra jaga milihna pamajikan. Katilu ngarah teu marojengja mun tas ngalumbara balikna ka lembur. 

Nu pentingna mah ulah kaluar banda ngawaris ka anak deungeun. Ku pangreremo mah nu ngarora teh teu kaasup kana sesebutan boga kikindeuwan boga kabogcih, teu kudu neundeun omong atawa nyeureuhan deui, nanyaan ge teu perlu da geus kakurung umumna ku sesebutan geus papacangan. Kari maheutkeun waktu walimah.

Tapi bubuhan jelema, dihin pinastina aya di Gusti, boro-boro nu tadina direremokeun, nu meunangna sorangan ge, teu langka dina rek pruk kawin teh "bolay." Teu ku hanteu aya bae nu jadi halangan nu ngalantarankeun pegat papacangan.

Nu ahir-ahir sering kapanggih mah ti antawis nu pegat papacangan teh anu tadiha direremokeun. Tina margi pagegedeanana si calon kabengbat ku nu sanes. Akibat paturayna, kantun malindes jadi kaawonan antawis dua kuren calon besan, sepuh ti pameget sareng sepuh ti istri. Teu kirang-kirang ku ngareremo teh sanes ngaraketkeun, nanging ngabengkahkeun baraya, da teu kirang-kirang nu teras jadi sami teu sae.

Ku margi eta, sanget ngirangan sepuh nu sok ngareremokeun teh. tug ka ayeuna sasat geus gentos adat. Jaman beda musim ganti lembaga anut kana carana. Jadina teh bet pemuda-pemudi anu netepkeun ka saha jodona teh, sanes sepuh deui. Sepuh mah iwal ti dipuntangan pitandanana kana neundeun saur, nyeureuhan (nanyaan), seserahan, nanggel walimah sapuratena.

Najan neundeun omong, nyeureuhan, geus tara kadangu-dangu acan, nanging prak-prakanana mah tetep dijalankeun kalawan teu disehat-sebat ngaranna.

Geuning dina saban-saban serat nanyaan sok aya kalimah kieu : Bilih Kang Rayi lali basa eta tea geuning, dua sasih ka-langkung, nuju sae dintenna, poe caang langit lenglang, taya mega ngahalang-halang. Kang Rayi nuju wening galih, manah setra. Kasapuk karujuk sepuh kamupakatan kadang warga, Kang Rayi sapuh saur mupakat sabda. Upami pun anak Ki Kondang sareng tuang putra Nyi Beunying anu jinis pada jinis parantos sami-sami sinimpayan tatali asih, salajengna dihalimpukeun.

Nu mawi pun Engkang dongkap teh nyaeta nyusul saur kapungkur, pasini nu kamari, sabda subaya nu kaliwat : pasini dijatikeun ngajirim eusi, subaya jadi nyatana. Eta unggel-unggelan kitu teh sayaktosna mah buahna neundeun saur. Cek baheula mah dibasakeunana, hasil neundeun saur, matak gampil nu ngalamar margi nete taraje nincak hambalan.

Dikempelkeun ku:
R.H.Uton Muchtar-Ki Umbara
Cetakan ka hiji 1977



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Upacara Adat Pernikahan Suku Sunda

Posting Komentar