Sejarah Undak Usuk Basa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka


Sejarah Undak-Usuk Basa Sunda


Sajarah lahirna undak-usuk basa sunda, nurutkeun para ahli mah nya eta lantaran ayana pangaruh Mataram kana kahirupan jeung budaya Sunda. Waktu Mataram ngéréh sabagian wewengkon Jawa Barat dina abad ka 17, harita lumangsung kontak budaya anu raket antara Sunda jeung Jawa. Loba kabudayaan Jawa anu témbrés asup kana kabudayaan Sunda, kaasup ayana undak-usuk basa.
Ari urang Jawana sorangan, meunang pangaruh undak-usuk basa téh tina kabudayaan Hindu anu ngabagi-bagi darajat kahirupan masarakat jadi sabaraha kasta. Upamana baé aya kasta Brahmana, Satria, Waisya, Paria jeung Sudra anu masing-masing kasta ngabogaan adegan basana séwang-séwangan.

Sejarah Undak Usuk Basa Sunda
Pakean adat urang Sunda foto tahun 1911


Bukti anu nuduhkeuh yén undak-usuk basa mangrupa pangaruh ti Jawa, S. Coolsma salasaurang ahli basa basa urang Walanda kungsi ngayakeun panalungtikan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar basa Sunda jeung basa jawa. Tina eta 275 kecap kasar dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Tapi dina prosés makéna loba anu dipacorokeun. Upamana baé kecap abot, impén anom, bobot, lali, pungkur, sasih, tunggang jeung lian ti éta anu dina basa Sunda mah kaasup kecap lemes, dina basa Jawa mah kaasup kecap kasar.

Kitu deui beja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak jeung lian ti éta anu dina basa Sunda kaasup kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap lemes.Bukti séjénna anu nuduhkeun yén undak-usuk basa mangrupa pangaruh ti Jawa kapanggih dina naskah-naskah kuno anu ditulis saméméh abad ka 17. Dina éta naskah bakal ébreh yén saméméh datang pangaruh Mataram kana kabudayaan Sunda, kaasup kana basana, di Jawa Barat basa Sunda can mikawanoh istilah undak-usuk basa. Upamana baé dina naskah Carita Parahyangan Salasahiji obrolan anu ditulis dina abad ka 16 Maséhi kaunggel salasahiji obrolan antara Ki Patih jeung Batara Dangiang Guru.

Eta obrolan anu nétélakeun yén baheula basa Sunda henteu mikawanoh undak-usuk basa téh unggelna kieu:


"Sadatangna sang apatih ka Galunggung carék Batara Ngiang guru: "Na naha béja siya, sang apatih?"

"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparéntaheun adi Rahiyang Sanjaya Purbarosa."


Lamun ku urang ditelek-telek, kecap carék, dititah, ménta jeung piparéntaheun téh dina basa sunda ayeuna kaasup basa kasar. Jadi upama alam harita geus aya istilah undak-usuk basa, moal enya pangkat patih nyarita kasar kitu ka Batara. Dicutat tina: Tatabasa Sunda thn 1982:49-50 kenging Taufik Faturohman


Carita Wayang Bahasa Sunda - Ngadegna Amarta 

Kocap kacarita di Nagara Astina, Prabu Déstarata, Prabu Anom Suyudana, Patih Sangkuni, sareng Pandita Dorna, nuju gunem catur nyarioskeun perkara Pandawa Lima. Teu eureun-eureun dikakalakeun, tapi teu weléh salamet. Kasieun maranéhna, kumaha upama Pandawa marénta nagara. Laju baradami, sugan aya tarékah anyar, pikeun nyilakakeun paraputra Pandu. Sukur-sukur bisa nepi ka hanteuna. Baca selengkapnya 



Dongeng Sunda Baheula Si Dirun

Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kacaritakeun budak nu bangor pisan. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu Baca selengkapnya >



Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun Baca selengkapnya > 



Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat


Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >



Dongeng Sunda Lalalajo Wayang 

Si Salim anak urang lembur, budak bageur pisan, getol diajar, tur parigel kana pagawéan. Tapi bubuhan budak, nya rajeun wae aya carékeun kolotna mah nya éta sok kamalinaan teuing lalajo ti peuting. Ari karesepna babakuna kana wayang. Upama ngadengé cekung-cekung goong wayang téBaca selengkapnya >







Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Undak Usuk Basa Sunda

Posting Komentar