Bahasa Sunda nu aya Hubunganna jeung Nyawah

Dijual Buku Antik dan Langka



Kenging : Budi Rahayu Tamsyah
Omongan Ngawuluku - Kawih jang Munding
kiya = maksudna méré nyaho ka munding sangkan lempeng leumpangna.
kalén = supaya wuluku asup kana urut tadi, jadi maréntah ka munding supaya ngiser saeutik leumpangna kana urut tadi.
arang = hartina munding leumpangna anggang teuing ti urut tadi, dititah ngiser saeutik supaya deukeut kana urut tadi.
mider = nitah munding supaya muter.
luput = maksudna wuluku henteu keuna, nitah munding leumpangna rada tungkul.

Ngagarap Taneuh
malik jarami = malikkeun jarami sawah anu anyar. dipibuatan, upama rék nyawah dua kali atawa tilu kali.
nyambut = ngagarap sawah atawa ngawuluku.
ngawuluku = ngagarap sawah maké wuluku, pikeun nyungkal taneuh.
motong = maculan taneuh anu teu keuna ku wuluku.
ngawalajar = macul ngamimitian.
malik = malikkeun taneuh anu geus dipacul mimiti.
mindo = ngeprék, macul mindo ngancurkeun taneuh anu. masih kénéh tingguruntul.
nganglér = ngaluluh taneuh supaya jadi ancur pisan atawa jadi leutak.
ngacak = miceunan jujukutan jeung anu barala.
ngalelep = ngalelepkeun jujukutan jeung babalaan.
ngararata = ngaratakeun taneuh anu geus dipacul téa.
ngagaru kambang = ngagarap maké garu pikeun ngararata taneuh.





Melak Pare
ngaléan = mimitian mipit paré pibiniheun.
mitembeyan tebar = mimiti ngawurkeun paré kana pabinihan.
tebar = ngawurkeun binih kana pabinihan.
babut = ngarabutan binih paré tina pabinihan tandurkeuneun.
nyaplak = ngagaritan taneuh anu rék dipelakan paré ku caplak.
tandur = melak paré di sawah.
mitembeyan tandur = ngamimitian tandur.
ngarambét = miceunan jujukutan anu jaradi antara tangkal paré.
ngarambét ngabaladah = ngarambét ngamimitian.
ngarambét mindo = ngarambét ngadua kalian.




Kaayaan Pare
sumihung = kaayaan binih paré geus saperti sihung, kira-kira saminggu ti tebar.
bubuni tikukur = lamun aya tikukur nyumput bakal buni, kira-kira umur binih tilu minggu.
béar = binih anu dibabut téh teu loba mawa taneuh. binih nu alus.
ngompol = binih anu dibabut téh akarna loba taneuhan.
lilir = hartina hudang, paré katémbong hirup, kira-kira saminggu ti tas tandur.
gumunda = duanna héjo saperti daun gunda, kira-kira tilu minggu ti tas tandur.
mapak daun = daunna katémbong rata, kira-kira dua bulan ti tas tandur.
nyiram = paré saprti rék reuneuh, kira-kira sapuluh poé ti papak daun.
reuneuh = paré geus katémbong pibuaheunana, kira-kira tilu bulan ti tandur.
celetu = paré geus aya hiji dua anu bijil humutna, kira-kira sabulan ti celetu.
rampak = geus katémbong kabéh humutna, kira-kira sabulan ti celetu.
tungkul = paré mimiti ngeusi, anu matak kaayaanana tungkul.
beuneur héjo = paré geus katémbong beuneur tapi héjo kénéh, kira-kira tilu minggu ti rampak.
sumurawung = paré geus asak tapi can meujeuhna dipanén, kira-kira sapuluh poé ti beuneur héjo.
jujumaahan = paré ngadagoan wanci anu mustari pikeun dipanén, kira-kira sapuluh poé ti sumurawung.

Panen
dibuat = ngala paré.
derep = gacong, buburuh dibuat; diheulakeun anu milu babut, tandur, jsb.
gacong = buburuh dibuat, buruhna sasangga tina sapocong.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bahasa Sunda nu aya Hubunganna jeung Nyawah

Posting Komentar