Sejarah Asal-Muasal Bahasa Sunda
" Kahiangan "

Dijual Buku Antik dan Langka
                                                                            


bandung tempo dulu
SAUNG LISUNG
Pun Sapun
Kaula dek nginjeum ngaran
Hampura teu make menyan
Da kaula
Seja neang di caangna
Seja ngungkab di akarna
Moal nyukcruk di lembutna
tong dianteur,kula ludeung
Angguran kula jurungkeun ...!
Ja ...!
Kaula rek ngalubarkeun
Nu disebut panasaran ... !

SEJARAH SUNDA KAHYANGAN

ASAL MUASAL BASA SUNDA KAHYANGAN
Kecap kahiangan diucapkeun ku urang Sunda rupa-rupa. Jaba ti kahiangan teh aya anu sok ngucapkeun kahyangan atawa kayangan. Tiluannana sok dipake jeung kabeh samaksud atawa saharti. kulantaran kitu kecap-kecap:hiang,hiyang jeung yang teh dina basa Sunda nu kiwari mah dianggap sarua jeung saharti,lantaran tilu kecap anu di luhur teh lamun seug dirucat mah jadi:ka-hiang-an,ka-hiyang-an,jeung ka-yang-an.

Timbul pertanyaan:naha tilu kecapannana:hiang,hiyang jeung yang teh bareng timbulna atawa henteu? Nu mana anu bisa dianggap leuwih ti heula? Naha kecap hiyang anu robah jadi yang jeung hiang,atawa asalna tina yang terus robah jadi hiyang jeung hiang.

Nurutkeun paham nu ngawi(kawincentris),cenah asalna teh tina basa Kawi hyang. Lantaran dina letah urang Sunda umum ucapannana kagok, nya digampangkeun jadi yang atawa hiyang. Ucapan hiyang memang gampang robahna kana hiang mah.

Pamadegan anu bieu didasarkeun kana anggapan,yen urang Sunda bogeunnana kecap hiang jeung nu sejenna teh beunang nginjeum tina basa kawi.

Sabalikna aya anu boga pamadegan,yen asalna pisan mah memang kecap yang. Katerangan sarupa kieu bisa dibaca dina kamus Sunda Yasana R.Satjdibrata. Di dinya katerangan kecap hiang teh kieu:

hiang(saenyana robahan tina Yang=dewa)
Eusi katerangan di luhur teh bisa dibagi dua bagian:
 1. hiang asalna tina yang jeung
 2. yang = dewa

Naha katerangan anu di luhur bisa ditarima ?
Urang papay raratanana,tapi urang heulakeun katerangan anu kahiji. Ngeunaan harti kecap yang mah engke bae dina bagian sejen

Hanjakal pisan saenyana mah, katerangan dina kamus teh ku pondok-heureut pisan ukur keur tamba poekeun. Mun disosok jero mah lapur. memang nepi ka waktu ieu,basa Sunda can bogaeun hiji kamus anu sakurang-kurangna cara kamus basa Walanda(Belanda) yasana Koenan upamana. Naha enya kecap hiang teh asalna tina yang.

Numutkeun almarhum Prop. Muhammd Yamin dina bukuna 6000 Taun Sang Merah Putih dina basa Cam aya kecap-kecap:Po Yang Ame jeung Po Yang Ine:Kecap po dina basa Cam sarua jeung kecap po Sunda dina kecap poyang:sarua jeung kecap pu anu ayeuna jadi empu. Po jeung pu mangrupa awalan panghormat (praefix honoratif).

Kecap ame(=bapa)sarua jeung kecap ama dina basa Indonesia Purba anu dina basa Sunda ayeuna jadi rama (ra-ama=bapa nu dihormat):ari kecap ine(=indung)sarua jeung kecap ina dina basa indonesia Purba anu dina basa Sunda kiwari jadi inang. Ngunangan hartina sacerewelna mah ngindungan. Dina praktekna mah nyusuan. kulantaran kitu,lila-lila kecap inang teh rada ngeser hartina:ayeuna mah sok dihartikeun susu(hapunten).

Jadi kecap Po Yang dina basa Cam sarua jeung poyang dina basa Sunda. Ari Tanah Cam teh baheulana mangrupa tempat asal karuhun bangsa Indonesia samemehna mencar neangan lemah cai anyar. Ku lantaran kitu,urang Cam teh sasat saturunan keneh jeung urang anu tangtu bae basana oge rea saruana,lantaran masih sadapuran,umumna dianggap geus aya dina basa-basa anu aya di Indonesia,umumna dianggap geus aya dina basa karuhun urang keur waktu ngagunduk keneh. Kecap-kecap baheula kitu oge!

Ku lantaran kitu,urang bisa mastikeun,yen kecap asalna mah memang bener kecap yang. Hal ieu sakali jadi ngaleungitkeun pamadegan, yen urang Sunda bogana kecap eta teh beunang nginjeum tina basa Kawi. Naha kecap yang teh mangrupa kecap asal tawa kecap rundayan keneh dina basa Indonesia Purba,engke ditukang urang paluruh deui. Nu pasti mah:Kahiji dinaabasa anu ayeuna kecap yang dianggap kecap mandiri. kadua memang dina kaayaan eta nerekabna atawa asupna kana basa-basa di Indonesia anu nepi ka ayeuna masih keneh neundeun kecap anu aya tumalina jeung kecap yang.

           Tina::Majalah Sunda Baranangsiang no.2 - 1961.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Asal-Muasal Bahasa Sunda
" Kahiangan "

Posting Komentar