Sastra Sunda | Wawacan Rengganis

Dijual Buku Antik dan Langka

wawacan rengganis



Sastra Sunda Wawacan Rengganis

Sipating urang Sunda anu mikaresep kanu sastra Sunda mah, kana jenengan R.H. Abd. Salam sareng kana anggitanana nya éta Rengganis kawas moal aya nu bireuk. 

Najan éta wawacan ayeuna mah parantos langka pisan anu kagungan, nanging kasa sawatawis guguritan cutatan tina éta wawacan seueur anu arapal, babakuna kataji ku kagindinganana dangding, bérés, éntép seureuhna kecap, pamanis basa lir tara bisa ngahudang sari-uyahna ngahudang rasa.


Dayana ungkara nembus kana jajantung, sumarambah kana bayah ngasrak ka saluar awak, Geura ieu lenyepan:


Sinom

Warna-warni lauk émpang
réa nu sami jeung pingping
ngagulung patumpang-tumpang
Ratna rengganis ningali
sagala lauk cai
lalawak pating kuruwuk
sepat patingkocepat
julung-julung ngajalingjing
deukeut balong balingbing sisi balungbang

Capétang jeung rada centang,

goyang dua anting-anting
pokna: ... sumuhun pariksa,
sayaktosna jisim abdi,
éstuning urang sisi,
Imah lembur sisi gunung,
patapan Argapura
Rengganis ngaran sim abdi,
bapa abdi katelah Raja Pandita.

Panyapit hurang jeung rangrang,

ngarenjag pairing-iring,
arasupan kana karang,
rarong racleng ka sarisi,
jeler pahilir-hilir,
patinggaleser salusur,
paray arey-areyan,
pepet betok patingbaletrik,
réa beunteur lir turun kana babantar.

Kinanti

Guguling nu digugulung,
dianggo tilam kaéling,
ka éling ka nu geus mulang,
ngahuleng lengleng teu eling,
kawas nu katingal hilang,
ka nu mulang mentas maling.

Puter putih wismeng panggung,

Rengganis bendara mami.
gelepung pilis wedana,
susulung kang medal enjing,
sawulan mangsa lipura,
yen durung aliliron sih.
Dicutat tina: Rasiah Ngadangding.
Disusun ku: P. Nataprawira 1955.

Artikel sejenna :
Wawacan Purnama Alam - Ratna Suminar Nepungan Dewi Pramanik

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda | Wawacan Rengganis

Posting Komentar