Dongeng Sasakala Hayam Jago Kongkorongok Subuh

Dijual Buku Antik dan Langka



Dongeng Sasakala Hayam Jago Kongkorongok Subuh




Sasakala Hayam Jago Kongkorongok Subuh
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.

Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan Naga ka Jago. Maksudna mah nginjeum tanduk ka si Jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.

Hayam Jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga.Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago" engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik."

Geus kitumah jung weh Naga jeung Titinggi teh arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus si Jago teh kongkorongok sababaraha kali deui,tapi tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.

"Keun sugan cenah peuting engke" pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sasakala Hayam Jago Kongkorongok Subuh

Posting Komentar