Taman Pamekar Jilid V | Simbut Butut Dongeng Isah

Dijual Buku Antik dan Langka


buku bahasa sunda taman pamekar 5
TAMAN PAMEKAR JILID 5


buku bahasa sunda taman pamekar jilid 5


Simbut Butut Dongeng Isah 
Hiji poe, waktu libur, Isah jeung adi-adina ngariung ditepas hareup. Ade ngadeukeutan ka isah bari sok ngomong. "Tos laminya, Aceuk teu mang dongengkeun ka Ade ? "

Jawab Isah:

"Atuhda geus pinter maca ayeuna mah Ade teh, kudu dipangdongengkeun ku Ceuceu, maca wae sorangan, buku dongeng rea!"

"Nguping dongeng anu teu aya dina buku Ceu, hayang soteh nguping dongeng anu teu aya dina buku atanapi anu can kabaca ku abdi," ceuk Ade


Aman nempas:

"Yaktos wae ceu, cing ngadongeng-ngadongeng, tamba hual-hual teu puguh."

"Heug atuh. Ceuceu rek ngadongeng,tapi sing enyaan ngaregepkeunana, nya!"

"Mangga, mangga," tembal barudak teh semu atoh, "dongeng naon, ceu?"


"Simbut butut," tembal Isah.

"Simbut butut? Ah, alim simbut butut butut mah," ceuk Ade, hayang simbut weuteuh."

"Ke heula, dengekeun atuh, kieu dongengna," ceuk Isah.


"Aya Aki-aki geus jompo, nyiruruk di anakna nulalaki nu ka itung beunghar, tapi koret.

Sanajan nyiruruk di anakna nu ka itung beunghar, tapi aki-aki teh pohara ngarasa nalangsana jeung tugenahna, lantaran teu pisan diurus, dahar pakena teu dipirosea. Kusabab eta tuluy aki-akiteh pindah ka anakna nu awewe.

Ari anakna nu aweweteh pohara bageurna ka bapana, ngan hanjakal teu bisaeun nyukup, teu bisa nyenangkeun mere maweh da puguh malarat jeung rea


anakna, rea uruseun, rea parabaneun. Dina hiji mangsa waktu usum tiris, aki-aki teh meh sabab peuting teu bisa asare tibra lantaran teu kawawa kutiris.


Tuluy manehna talatah ka incuna supaya dipangmentakeun simbut ka anakna anu lalaki nu beunghar tea. Nya dibere simbut anu geus butut pisan.

Ari anu dititah nganteurkeun simbut butut teh, anakna anu ngaran Abdul.

Omong nu beunghar teh ka anakna, "Abdul ieu anteurkeun simbut ka aki maneh.  Lumayan tamba tiris kituh!"

"Mangga!" jawab Abdul bari nampanan simbut butut tea.

Samemeh dianteurkeun ka akina, eta simbut butut tea ku Abdul dibawa ka pangkeng tuluy dibeberkeun, dialak - ilik.

Ceuk Abdul dina jero pikirna, Bapa aing teh jelema beunghar, di sakampung ieu mah teu aya nu mapakan kabeungharanana.
Tapi, naha mani koret-koret teuing !! Piraku mere simbut anu sakitu bututna ka aki aing nu sakitu kolotna ? "

Ku Abdul eta simbut butut teh ditukeuran kusimbut weuteuh boga manehna, simbut bututna disumputkeun di goah.


Heuleut sawatara poe ti harita, simbut butut anu disumputkeun teh kapanggih ku bapana. Tuluy manehna nanyaka anakna, "Jang abdul naha geuning simbut butut teh can dianteurkeun ka aki, beta aya di goah"


Jawab Abdul. " Parantos Pa, digentoskeun ku simbut weuteuh gaduh abdi."


"Eum, nanaona make ditukeurkeun ku simbut weuteuh sagala? " omong bapana muncereng.


"Ah sawios Pa, karunya abdi mah ka aki, piraku dipasihan simbut butut?" jawab Abdul. keun simbut butut mah anggoeun Bapa jaga ari parantos sepuh, parantos jadi aki-aki.


Barang ngadengen omongan anakna kitu, pohara bae bapana ambeukeunana mentegeg taya papadana, mani ngeleper nahan amarahna. Beungeutna geuneuk ray pias.


Barang anakna nenjo paroman bapana kitu, gancang bae ngaleos, da sieuneun bapana katutuluyan ambekna.


Ngan hadena bae bapana lilir hatena, yen enya manehna teh koret sarta tambelar ka nu jadi kolot. Ku manehna kapikir pisakumahaeun teuing


sedihna jaga mun geus jadi aki-aki heug ditambelarkeun ku anakna.


Harita keneh manehna tuluy indit ka bapana rek menta dihampura sarta ngupah-ngapeh supaya bapana daekeun cicing deui di manehna.


Ti harita eta nu beunghar teh jadi babalik pikir, urut tambelar ka kolot jeung ka barayana jadi sareseh berehan ka sarerea,"panyakit koretna leungit."


"Alhamdulillah!" ceuk Aman semu panuju. Mun sakabeh anu baleunghar tur koret babalik pikir kawas bapana Abdul meureun moal aya galandangan di urang teh da sakabeh anu sangsara ditulungan ku nu baleunghar."


"Enya ngan loba galandangan anu baredegong, teu beunang diurus matak bosen anu ngurus," omong Isah. " Kapan rea kabejakeunana yen anu diurus ku panti asuhan boh kolot boh budak, ari geus dipisalin jeung awakna geus lingsig sok rea nu kalabur bari riringkid pulang-paling." Enya hanjakal, matak kapokeun anu nulungan!" ceuk Aman.


Omong ade: "Ade mah resep ka Abdul da eta nyaah ka akina."


Aman nempas: "Enya, nya nu kitu nu disebut jalma hade hate teh, anu daek nulung ka nu meunang kasusahan."


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Taman Pamekar Jilid V | Simbut Butut Dongeng Isah

Posting Komentar