Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna

Dijual Buku Antik dan Langka


sasakala taalaga warna

Sasakala Talaga Warna


Jaman baheula aya hiji raja nu kacida beungharna, tapi hanjakal anjeunna teu gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan prameswari tiasa ngagaduhan putra.

Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh ngandung. Kanjeng Raja kacida bingahna ningal prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna lahir hiji putri nu kacida geulisna. Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.

Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna ngalawan, sakitu sagala kahoyongna tara aya anu dipungpang teh. Raja sareng prameswari sering nangis upami emut kana talajak nu janten putrana teh.

Dina hiji dinten putri aya pamundut,tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana, sirikna henteu kana pameunteu raja sareng prameswari ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha Kawasa, na atuh ari burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton kakeueum. Leungit karaton timbul talaga.

Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal sarupaning warna-warni matak endah katingalna. Cenah eta teh Inten permata anu diawurkeun ku putri tea. Kitu saurna pamiarsa, dongeng Sunda sasakala Talaga Warna teh. Tamat.

Sejarah Singkat Persib Bandung
Dongeng Sunda Sasakala Ranca Darah Purwakarta
Wawacan Purnama Alam - Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik
Dongeng Sunda Sasakala Gunung Cupu Purwakarta
Carita Wayang Bahasa Sunda - Ngadegna Amarta
Carita Wayang Bahasa Sunda Sugriwa jeung Subali
Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata
Dongeng Sunda Baheula Si Dirun
Carita Budak Tukang Lalajo Wayang
Sejarah Bandung Dina Bahasa Sunda
Biografi Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda
Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut
Sejarah Cadas Pangeran Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna

Posting Komentar