Dongeng Sunda Sasakala Situ Hiang Ciamis

Dijual Buku Antik dan Langka


situ hiang ciamis



Sasakala Situ Hiang Karajaan Galuh
Nu dimaksud Situ Hiang, nya eta situ nu lain meunang nyieun jelema. Tina sakitu lobana situ aya oge nu ngandung sajarah, saperti Situ Hiang nu aya di desa Sadewata, kacamatan Panawangan Ciamis, kaasup daerah pagunungan. Nurutkeun sajarahna, eta Situ Hiang teh beunang nyieun Dewa Banga, jaman Karajaan Galuh reujeung jaman Karajaan Talagamanggung. Masih jaman aya gelar Dewa, nu matak nu jadi pangagung jaman eta oge disebut Dewa Banga, kamasur luhur elmu-panemuna tur digjaya kabina-bina.
Nyieun Situ Hiang oge sasat ku ngan ku sorangan, tur asalna mah gunung diratakeun. Parabotna oge cukup ku hiji linggis beunang nyieun tina kai-kai acan, dibantuna ku rahayat ngan sakadar ngunjalan taneuhna wungkul. Malah eta gunung (Gunung Jaha) waktu mimiti dipagawe (ditugaran) dadaksakala urug ku maneh. Atuh ngan kari ngarangkutan bae taneuhna, teu bangga caran pagawean jaman kiwari.

Kitu digjayana Sang Dewa teh (Dewa Banga). Mangkaning jaba ti rupa gunung teh,ditengah-tengah leuweung geledegan deuih. Disebutna eta leuweung Leuweung Ranjeng, cenah sanggeus rengse, kai urut linggisna tea ditancebkeun mingnagka tetengger yen eta leuweung bakal ngajadi tempat rame. Ajaibna deui, eta tetengger (linggis kai) ahirna salin rupa, jadi hiji rupa tangkal nu katelah tangkal kitiwu, jangkungna kira-kira 60 cm. Jeung kawas linggis bae teu daunan.

Ti harita keneh lauk nu aya didinya (di Situ Hiang) dicadangkeun pikeun di pimilik ku anak-incu katurunan para luluhur Sadewata, keur nyumponan pangabutuh hirupna. Jaba ti kitu kaluar kecap, yen jaganing geto, bakal lahir salasaurang incu, katurunan, mun geus datang Ratu Kate sebrang lautan. Sarta nya eta pisan nu bakal nyahi konci rahasiana Nusa-Dewata, eta jalma mangrupa budak leutik jangkung hideung. Bakal muka Rajeng jeung kulahna dijadikeun sawah. Kagirangna pikeun masarakat, kahilirna bagian nagara.

Ditengah-tengah situna (Situ-Hiang) aya hiji imah letutik nu ngeusianana eta imah ngan duaan awewe jeung salakina (sakaren). Eta dua jalma hirupna didinya tara teu incah-incahan, tug nepi ka kiwari araya didinya, ngan kiwari mah salin rupa, teu ngajirim jelema deui, tapi jadi lauk emas nu galede kacida. Tangtu bae harirupna jero cai cara nu lianna.

Nya timbul babasan kabeuhdieunakeun "Nu Ngageugeuh Situ Hiang".

Ie lauk anu dua tara narembongan cara nu sejena, rajeun nembongan sok goreng balukarna, nu mireungeuhna sok linglung atawa tuluy gering. Malah sok aya nu terus ajal sagala. Cenah ku gedena eta lauk, mun nembongan teh matana nepi ka sagede-gede pisin. Sesebutanana oge, lauk siluman atawa lauk kajajaden.

Najan eta lauk situ hiang bageanan katurunan Ddwa Banga. Tapi aya kaol, mun meunang lauk emas nu panggedena mah, teu meunang di ala (diarah). Kocap sanggeus Nusa-Dewata ngajadi rame, datang mangsana, yen Dewa Banga anu memang tadina oge putra Ratu, mudu ngarantunkeun eta tempat. Kedah mulih deui sasarengan sareng Putri Purbasari, nu tadina leuleuweungan patepang sareng anjeunna (Dewa banga) ka nagara Galuh. Nya eta Putra-Putri dijenengkeun Ratu.

Nusa-Dewata sadikantunkeunna ku eta Putra Putri janten narikolot, rahayatna anu tadina ti Kahyangan marulang deui ka asalna, sesana balubuara didinya, baretah-betah sakumaha biasa. Dipingpin ku Raden Wisesa (Raden Rangga Wisesa). Patilasanana dingaranan Pangalikan. Sawareh deui aya nu parindah ka beh girang. Tempat-tempatna dingaranan kampung Dukuh jeung kampung Lemburgunung.

Urut pangtapaan Dewa Minda (Dewa Banga) dingaranan Panglalanangan jeung Pangwadonan. Ari urut Putri Purbasari, Pangwadonan. Sadewa dijadikeun kabupaten dipingpin ku hiji Dalem, ngemban pancen ti Ratu Galuh.

Tah kitu dongeng Situ-Hiang nu aya di Sadewata teh, ngan didieu eta putra-putri anu dua teu kaatur ngadahupna, sigana samemeh marulih ka nagara Galuh geus narikah. Ciamis, 24-11-1976  ku Wiraguna. Tina : Koran Kudjang Taun ka XXI no. 1017. Jumaah 31 Desember 1976.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Situ Hiang Ciamis

Posting Komentar