Buku Sunda Lama: Swara Cangkurileung.
Buku Seni dan Budaya Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka


SWARA CANGKURILEUNG CETAKAN APRIL 1975.

RANGRANG PANYAWANGAN.
Ungkut-ungkut nu nyengklung ti wanci subuh geus eureun,diganti ku ricitna manuk laleutik. Teu lila saeran,jalak jeung kerak ngarawih patembalan. Sarerea ngabageakeun beurang nu kakara datang,nepi ka wanci moyan.

Aya leuwihna dina tilu opat poe ieu mah,sabab kasambung deui ku turaes ngear nepi ka rek manceran. Mimitina mah ngan kadenge hiji dua,ganti poe beuki rame,malah gandeng teu puguh dengekeuneunnana. Komo eta mah nu pareng eunteup dina rang-rang panyawangan,ari jenger teh mani asa katorekan.

Enggeus dangdangrai geuningan,hujan mimiti lalantangan,teu matak pugag teuing nu nyaba ayeuna mah.

Nya kitu deui ieu Swara Cangkurileung urang,geus meujeuhna unggal lolongkrang rohangan pada ngeusian. Apan diantarana oge keur sarerea ti sarerea.(dari rakyat untuk rakyat panginten pamiarsa)
Lain ngan wungkul pangasuh. Lamun dina tilu opat kali kaluar can aya anggota nu milu ngamairan,dianggap biasa da kudu ngileng-ngileng heula,hayang nyaho lilingeranana.

Tapi anu kalima-kagenep jeung saterusna mah,para angggota mangsana pada daria. Nu boga potret,nu boga urat-coret,nepi ka nu boga pangalaman atawa pokal sorangan dibaeukeun dihiapkeun,sangkan nya euyeub nya beuneur tea.

Kitu saurna pamiarsa "kumeok memeh dipacok" nu di mana wae ayana.Boh nu aya di rorompokna sewang-sewangan,boh anu nuju aya di sawah, boh nu nuju aya di kebon,atanapi  nu nuju aya di leuweung (ngala suluh),"Bubuka" atanapi "kata pendahuluan" dina buku Swara Cangkurileung teh.. 

*Artikel di atas sengaja kami tulis dengan bahasa aslinya (bahasa Sunda) karena kalau kami translate-kan sendiri ke dalam bahasa Indonesia,mungkin makna atau artinya akan " TAG TEG TOG " (alias kamana karep).Maklum,ibu Sunda,bapak tentara.  



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Buku Sunda Lama: Swara Cangkurileung.
Buku Seni dan Budaya Sunda

Posting Komentar