Upacara Pernikahan Suku Sunda Huap Lingkung Bagian 3

Dijual Buku Antik dan Langka




Upacara Huap Lingkung


Upacara Huap Lingkung Bagian 3
Di pangkeng, sina paduduaan nyelang tuang ngajagi lapar nyumput di kamar. Tara jadi pintonan silih huapanana teh, malah di-sumput-sumput, da panganten ge prakna kitu teh maling-maling ti panon batur. Kaintip ku para sepuh, kamanah ku para bujangga asa tegep asa pantes sareng rikip, upami diolah waktos silih huapan pangan ten dina kaayaan keur pada meumeut, pada geugeut, bisa padeukeut;diselapan pepeling/ panggeuing nu disilokakeun.

Nya dibeberes pareleanana, disusurup kumaha pilucueunana. dicipta-cipta ku anu ariasa, pasang petana dua insan bakat ku silih asih, dina tuang ge teu lesot asih, mani saalas silih huapan dibarengan ku oleng otel parebut lauk. Calik teu lesot pakaleng-kaleng, eta sadaya jadi siloka asal tina asmara. Nu jadi patokan teh silih huapanana, sanes ngariungna. Nu mawi, dipasihan ngaran Huap Lingkung, sanes tuang ngariung. Tuang sareng huap aya bentenna: Tuang dikawitan ku huap. Sanes huap dikawitan ku tuang.

Teu aya nu dihuap, teu aya nu dituang. Huap diutahkeun (dikaluarkeun) deui moal aya tuang. Nu jadi poko teh "Huap." Huap-Lingkung, ngandung harti ngahuap bah pakaleng-kaleng paduduaan. Ku petana nu duaan silih kaleng ku leungeun, sanes silih tangkeup, ngajadikeun hiji lingkungan panangan diwatesanan ku nu duaan. Babasan nu lumrah dina ngajak tuang: Mangga urang tuang ngariung sok jadi Mangga ah urang Huap-Lingkung, eta mah panganten carana ngajak semah, sangkan daek diaku.

Sanes ngajak silih huapan. nanging ngajak tuang ngariung. Ibarat nu nitah kieu: Maneh kudu ngaku terus terang "balaka-suta." Maksudna supaya sabalakana. (Balaka = saenyana. Suta hartina anak). Maksudna ngaku terus terang, saperti pangakuan hiji anak ka Bapa (taya nu dikilungan). Tina : Modana.1977. Ku : Uton Muchtar + Ki Umbara.






Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Upacara Pernikahan Suku Sunda Huap Lingkung Bagian 3

Posting Komentar