Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda Bagian 2

Dijual Buku Antik dan Langka



Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda Bagian 2
Acara pernikahan suku Sunda di gatut jaman dulu 


Nu Jadi Lancarkana Ngalamar : 

1. Neundeun saur (omong) 
2. Pangreremo 
3. Nyeureuhan 

Neundeun Omong kolot pada kolot : Tempo-tempo ngan ku lalamunan atawa ngomong kalawan teu diajam-ajam ti tadina, saperti kieu : dua sobat dalit, nu saurang, omong kieu: "Mun Akang pareng boga anak lalaki, heug anjeun boga anak awewe. Atawa sabalikna, engke mun geus galede urang kawinkeun. 
Walon nu saurang deui : "Akur urang bebesanan, nuluykeun duduluran sing jadi leuwih raket." Ngan ku papada neundeun omong kitu, teu euweuheun anu katuliskeun malaikat. 

Ari brol teh papada ngajuru pamajikanana, nu hiji awewe nu hiji lalaki. Tuluy we direremokeun, nepi ka enyana eta dua sobat bebesanan. Hiji lalaki atawa awewe boga anak lalaki, manggih budak awewe pigeuliseun, turug-turug kolotna saroleh. 

Awahing ku milucu ka eta budak, eta kolot kalepasan ngomong kieu : "Urang jodokeun we ka Si Lajang ieu Si Nyai teh, urang ngaraketkeun baraya ongkoh." Walon kolot budak awewe heureuy : "Mangga wae, awewe mah dulang tinande. 

Seureuhan atuh ti ayeuna, bisi kapiheulaan ku batur." Sok si budak awewe teh dibere peremen: "Yeuh geulis panyeureuhan ti Kang Ujang, picarogeeun Nyai. Engke deui babantunan nu seueur mah, nya !" Ku budak ditampanan. Indungna nyeuleukeuteuk: "Emh, abong deui nya Nyai, ngan payu kana peremen." Tina ukur heuheureuyan, teu langka nu jadi enyaan. 


Budak ngora lalaki jeung awewe. Ku lantaran mindeng papanggih boh batur sakola boh batur ulin, pada-pada neundeun hate kadua leutik (silih pikaresep). Tungtungna pada-pada bogoh tapi teu acan aya nu balaka, iwal ti sok sili helaran, da papada hayang tepung bae. 

Dina riungan-riungan sok maling-maling sllih reret mere semu. Geus pajauh silih lieukan ka tukang, tapi pada-pada era mun pasarandog di anu teu aya sasaha Kawas nu alim papanggih, dibelaan geuwat-geuwat mengkol memeh padeukeut. 

Geus di imah seseblakan deui hatena masing-masing, gedebag-gedebug sorangan. Hayang bae indit ngahelaran, lantaran peureum kadeuleu beunta karasa, asa aya dina kongkolak panon. Kacipta rupana, pasang petana. Tapi pada-pada rumegag arek balaka. Era jeung hariwang bogoh nogencang. 

Mangsana kitu teh balegna acan lepas, loba nu nyebut awewe kakara baleg tampele. Lalaki galak si nongnong, mun mikahayang wanina ti kaanggangan. Disebutna teh jadi lain boga kabogoh tapi geus boga kikindeuwan, tetenjoan lalaki ka istri atawa sabalikna anu cop kana lelembutan hate, lantaran bogohna acan kalakon. Keur sepuh ge basa kikindeuwan teh kaanggo keneh, ngandung hartos uparni eta sepuh dina manahna ''nyirian" deui istri sejen keur nu ngora. 

Upami nu papada kikindeuwan tadi parantos tetela yen sapikir, papada bogoh teu nogencang, sok sering sa-sarengan disebatna boga kabogoh, sanes kikindeuwan deui sanaos aya nu uningaeun ge. Babakuna di pihak istri (teu euweuheun di pihak pameget oge) sok tumaros kieu : " Naha Engkang teh bade sayaktosna ? Atanapi ngadamel bebene 'mung sapoeeun bae ? Upami bade yaktos mileuleuheungkeun abdi, panuhun kalayan sanget mugi Engkang enggal-enggal kersa sumping ka sepul abdi, mundut. 

Atanapi neundeun saur, utamina mah sakalian bae nyeureuhan, margi parantos ngaraos isin deui ku seueurna nu uningaeun, malah seueur nu tumaros iraha cenah nikah. 

Pun bapa sareng pun biang ge parantos aruningaeun urang kikieuan teh. Saurna sina geura sumping we sepuhna ka dieu ! Ku margi kitu abdi neda kapastian." Saupami si lalaki bangsa "oray kadut" mah, teu langka ku dikitukeun teh ngajawab na siga nu henteu. menta tempo dek unjukan ka sepuhna. Padahal tuluy bae teu nembongan-nembongan. Teu langka istri oge aya nu miyuni oray kadut teh.

Upama kagembang ku anu sejen atawa bosen. Saupami si lalaki satria manahna mah ku dikitukeun teh kieu basana biasana mah "Aduh Euis, na sapagodos teuing. Bieu teh Engkang bade tumaros ka Enung, naha Enung moal kaduhung di ahir upami jadi bojo Engkang ? Ayeuna Engkang nguping kasatiaan Enung kitu, atuh tetela Enung teh pigarwaeun Engkang anu sajati; Engkang bingah taya papadana. 

Malah urang tetepkeun bae, mugi ku .Enung disaurkeun ka rama ka Ibu, Engkang sareng sepuh Engkang bade dumeuheus ka bumi. Maksad neundeun saur nyuhunkettn Enung kanggo bojo Engkang, sakumaha kasauran Enung tadi. Malah upami teu aya wagelan mah, bade sakalian bae Nyeureuhan." Jaman baheula pisan aya upacara alit-alitan, tapi unggal tempat benten-benten dina nyeureuhan teh. 

Kieu anu ka-pendak seratanana mah, salah sawiosna ti anu seueur (benten-benten kabiasaan, ciri sabuni cara sadesa tea). 1. Sepuh ti pameget ngiberan ku serat ka sepuhna istri, serat pondok bae. Upamina kieu unggelna teh : Jeng Rai Mas Wargaprana di Kaputihan Majalengka Wetan. Sareng hormat, Hawiosing serat ieu dibujeng enggalna bae, wireh Engkang sareng Aceuk aya maksad engke bada Isa tabuh 8 bade dongkap ka bumi. 

Jalaran aya anu penting sareng perlu kapiunjuk ka pangersa Kang Rayi sakalih. Bilih gajadikeun hemeng panggalih Rayi sakalih, kapentingan Engkang teh. turnali sareng pameredihna pun anak Ki Barma wireh parantos samisami sinimpayan tatali asih sareng tuang putra Nyimas Sainten (Nok Iteng). 

Ku margi eta sanget-sanget panuhun Engkang sarehg Aceuk kaweningan galih, setra manah Kang Rayi sakalih, nampi Engkang sareng Aceuk nu sasatna tumorojog pisan. Cigasong ..19.. Serat sapertos anu bieu di luhur dikintun, ku aya maksad bade neundeun saur atanapi sakalian sareng nyeureuhan. 

Ngajak jangji pasini pasang subaya baris masangkeun jodo putra-putrina. Ngawanti-wanti, ulah ka anu sanes (pesen silih demketm). Dupi nyeureuhan teh aya nu ngan ku saur bae, aya nu make "symbol nyaeta ku nganggo tutukeuran tek-tek (lemarcun sakalieun ngalemar). 

Seureuh salambar muntel sambara ngatemar, nyaeta apu gambir saga tempo-tempo sareng kapol. Muntelkeunana ngadamel tek-tek aya tehnikna. Nu maksadna hiji isarat lantip, si seureuh salambar teh dipiceun huluna (gagang tangkay sina purutul). congo daun ditiruk. 

Geus teu aya bagian gagang, tangkay sareng teu aya congo daun. si seureuh dibeulah dua sing sami mapay urat datin anu tengah. Sadibeulahna daun (jadi dua beulah), dilingkupkeun sina pabeuteung-beuteung, ulah patonggong-tonggong, ngarangkepna jadi hiji teh (adek bagian daun nu pada-pada lemesna). 

Nembe geus kitu mah disambaraan, lajeng dilepitkeun janten tek-tek. Ibu pameget sareng Ibu istri, pada-pada ngadamel tek-tek kitu hiji sewang. Tapi nu ibu pameget mah diseumat ku jarum perak atawa. Emas, ari tek-tek ti Ibu istri mah ditalian ku kanteh. Simbul anu lantip deui we eta teh. 

Hartosna seureuh di-purutulan teu gagangan teu congoan daun, tawis geus miceun rereged-rereged salira. Seureuh dibeulah dirangkepkeun deui, ngandung hartos sami-sami cinta nu sajatina, tek-tek ti pameget diseumat tawis kapamegetan. Tek-tek ti ibu istri ditalian, tawis kaistrian sakadar mung nganggo beubeui. 

Pageuh. Si tek-tek ti pameget dicepukan, dibakian. Bakina ditutup ku mandepun dipasrahkeun ka ibu nu istri, tawis ijab ditarima macangkeur dua calon. Di jero cepuk aya bungkusan (amplop) artos anu jadi tawis, upami amplop eusina Rp 1.000,- mawana engke dina seserahan teh 10.000 (sapuluh kalieun). Nu teu nganggo artos bae aya. Nanging engke dina ngalamar mah tangtos aya artosan. 

Cepuk tek-tek dibuka di pangkeng paduduaan sareng bapa budak. Artosna dibantun, cepulma dieusian deui tek-tek hiji nu ditalian kanteh tea, kenging ibu istri. Jadi di lebet cepuk tch aya dua tek-tek. Si cepuk sabakina satutttpna dibawa deui kaluar. Tek-tek dilalemar. Candakna ibu pameget di-lemar ku ibu istri. Nu kenging ibu istri nu ditalian kanteh, ku ibu pameget dilemarna. Mung sakitu minangka upacarana teh. 




Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Adat Perkawinan Orang Sunda | Bahasa Sunda Bagian 2

Posting Komentar