Dongeng Sunda Si Kabayan Jeung Ajengan Bagian 1

Dijual Buku Antik dan Langka
Si Kabayan
Si Kabayan Jeung Ajengan 

"Na ku naon tateh Jang Haji dibaguded bae kawas rada-rada gering?" saur Mama Ajengan bari nyampeurkeun Si Kabayan (dongeng si kabayan nu sejenna klik nu ieu) anu keur moyan dina emper imahna.

"Sumuhun Mama rada panas tiris,kawitna mah neang cai ka sawah,teras kahujanan". 

"Ku Budrek we salesma mah,biasa na mah lumayan rada matih !" Si Kabayan ngageroan pamijikanana supaya ngamparkeun samak nyadiakeun leueuteun haturan Mama Ajengan. „Wengi tadi mah Mama,nganggo sasar tulung-tulungan sagala pun lanceuk teh, sareng salirana mani nyebret panas ceuk pamajikan Si Kabayan,bari ngamparkeun samak. (Dongeng Sunda Si Kabayan Incok klik nu ieu...)

"Ari sasar atawa gundam mah,bisa jadi pangaruh tina panasna badan !" saur Mama Ajengan.

"Naha leres Mama Ruqyah sareng tilawah teh,eta dilarang ku ajaran Islam ?" ceuk Si Kabayan."Sumuhun,dupi nu kakuping ku abdi mah ruqyah teh bangsa jampe-jampe atanapi rajah-rajah,dupi tiwalah bangsa jimat-jimat tumbal,sapertos budak cacingeun digantelan kongkorong nu eusian isim-isim". Sakanyaho Mama,boh jampe-jampe (du'a) atawa tumbal-tumbal, henteu sakabehna dilarang ku ajaran Islam,nya eta mah gumantung kana sipatna bae.
Mungkin aya jampe-jampe anu ma tak musrik,tapi mungkin oge aya anu luyu jeung ajaran Rasul Allah ! Malah Imam Sjafi'i. waktu ditaros ku Ar-Robi nyaurkeun,yen nga jampe teh lamun ku kalimat-kalimat tina kitab Allah jeung dzikir mah eta diwenangkeun. Nya kitu deui saperti anu diriwatkeun ku Ibnu Sunny saurna : „Kungsi salahsawios garwa Rasulullah s.a.w. bisul dina rema pananganana, lajeng ku Rasulullah diwurukan du'a, anu kieu unina Allohumma musogiro kabir wa mukab baris sogir, sogir ma bi = Nun Allah Dzat anu ngaageungkeun perkawis alit, sareng ngaalitkeun perkawis ageung, mugi gusti ngaalitkeun keun kana (ieu bisul) abdi.
"Atuh kapan dina Buchori kacatur para sahabat mangjampekeun salah saurang pamingpin kabilah anu diseureud babakaur, sarta tuluy arunjukan ka Rasulullah s.a.w. tapi ku anjeunna henteu diwagel. Dina hadis-hadis sejen kacarios Rasulullah oge ngalandongan nu diseureud babakaur teh, ngawasuhna ku cai uyah, teras dijampean ku Surat Qulya jeung palak binnas jrr. deui.

Hal ieu nuduhkeun,yen henteu saka beh jampe jeung tumbal teh dilarang. Atuh nu ngeunaan elmu gaib,nu biasa sok dipake nambaan nu ge-ring,eta oge sakanyaho Mama mah henteu kabeh elmu sihir. Sabab an elmu sihir mah,(biasana) jalan- na teh ku ngabdikeun diri ka mahluk-mahluk anu gaib, sarta hasilna oge (biasana) tina sihir meh ngan saukur rupa-rupa kamadaratan bae.

Tapi kade Jang Haji ulah salah harti,Mama mah lain nganjurkeun diubar ku jampe-jampe atawa ku elmu-elmu gaib. Eta mah gumantung kana kaayaan panyakitna bae. Atuh lamun panyakit pisik (raga) nya tangtuna oge kudu diutamakeun tatamba ka dokter-dokter, klinik-klinik jsb. 

Ngan lamun katarajang ku panyakit rohani jaba ti tatamba ka dokter ahli jiwa lamun rek diubar ku du'a-du'a (raqyah — tiwalah) oge,eta ku ajaran Islam teu dilarang,asal sipat-sipatna bae ulah nga rempak kana tetekon Agama". 

"Nanging nya eta atuh Mama,abdi mah tatamba ku elmu sihir oge parantos ngalaman ",ceuk Si Kabayan bari seuri. 

"Kumaha hasilna ?" saur Mama Ajengan.„Alah,nu mawi "Nu mawi kumaha ?" ... Nyambung ka dieu ...
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Kabayan Jeung Ajengan Bagian 1

Posting Komentar