Dongeng Sunda Jaka Tingkir

Dijual Buku Antik dan Langka





Ceuk sakaol salsilah Jaka Tingkir teh kieu :
Prabu Brawidaya panutup kagungan putra dalapan. Anu kahiji istri, jenenganana Ratu Pembayun. Nu sejenna : Aria Damar, Raden Fatah, Lembu Peteng, Batara Katong, Jaran Palindih, Raden Gugur jeung Bondan Kajawan.
Putra Brawijaya nu pangageunana, Ratu Pembayun tea, kagungan caroge ka Dipati Pengging, jenenganana Andaya Ningrat. Ieu kagungan putra dua, nu kahiji jenenganana Kebo Kanigara nu kadua Kebo Kananga.

Kebo Kananga apuputra Alas Kerebet alias Jaka Tingkir tea.

Ari ceuk sakaol deui kieu :
Kacarioskeun keur mangsa Majapahit ngadeg karajaan keneh, nu jadi papatih nenganana Mahudara, kagungan saderek pameget hiji jenenganana Raden Juru, nu kawentar gentur tapana, ahli nyepi diri di nu rumpil, semedi ngisat salira.

Samemeh ayeunna mandita ngantun pangajakna hawa dunya, mangsa di nagara, ayeuna geus kagungan hiji putra istri, geulis ka-wanti-wanti endah taya bangsana. Rea nonoman anu heroy kabongroy, nanging awitna Nyi Putri kukuh pengkuh teu bengbatan teu elodan, teu mirosea jajaka anu kabita, wungkul junun tuhu kana wuruk sepuh.


Nanging tina direwong pirang-pirang panggoda, mangkaning istri keur meujeuhna turun amiscau, turug-turug anu jadi panggoda lain jalma samanea, tungtungna Nyi Putri kagenabang keuna hu kematna tali roma aji lahir panggendaman, kapincut ku nu minda warna, nya eta Raden Bajul Sangara.


Ari saenyana mah satria kajajaden, buaya mangrupa jalma. Tina rikipna nu jadi bapa maling. Nepi ka teu aya nu nganyahoankeun. Tapi lami-lami mah ku ramana Nji Putri teu burung katangen. Atuh mung kantun wirangna nawuku neumbleuh ka sepuh, nu nadah katempuhanana. 
 Tina : Pantjawarna I A. Kenging R. Suria di Radja. 
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Jaka Tingkir

Posting Komentar