Dongeng Sunda Ki Pucuk Kalumpang Bagian 1

Dijual Buku Antik dan Langka


si pucuk kalumpang
SI PUCUK KALUMPANG
DONGENG SUNDA BUHUN




DONGENG SUNDA BUHUN SI PUCUK KALUMPANG.
Kacarioskeun jaman baheula aya hiji jalma tukang tatanen, imahna di sisi pagunungan. Ari eta Pa Tani, upama geus rengse pagaweanana di lemburna, sok nyaba kuli-kuli ka Batawi. Dina mangsa harita, kacaritakeun, pamajikanana keur reuneuh,kira-kira geus tujuh atawa dalapan bulan. Ari pa tani boga ingon-ingon hiji, titipan raja, rupa hayam teu kira-kira gedenajangkungna, ngaranna si jelug; ari parabna, cek babasaan, dina sapoe sacaeng.

Waktu harita manehna amit ka pamajikanana rek balangsiar atawa neangan pakulian ka Batawi bari wasiat omong ngajangji,pokna: "ayeuna, aing rek nyaba, ngan peupeujeuh bae bisi ngajuru beurang-peuting,lamun medal budak lalaki ku maneh urus piara sing bener-bener, tapi, lamum kaluar budak awewe dipaehan ku maneh. Ari balina jeung bangke-bangkena bikeun ka hayam aing,si jelug,sabab boga anak awewe teu guna,mo aya tulungna ka kolot. Ari anak lalaki mah gede gawena kuat nanggung kasusahan ka urang."Ceuk pamajikakanana: "Hade ari kitu mah".

Barang mentas ngajangji,geus kitu pa tani tuluy bae indit,leupang ka Batawi,lilana teu kacarita.
Kocapkeun Nyi Ma Tani anu keur reuneuh tea ditinggalkeun ku salaki.

Enggeus nepi ka waktuna,datang ka mangsana,ngajuru. Ari borojol anakna teh bet awewe,manehna ngahuleng bae,susah miiran orokna. Inget jangji salakina,arirek dipaehan nyaah wantu ka anak,ari teu dipaehan sieun ku salakina,jadi pikirna mandeg mayong, ngajejentul mikiran kasusah ngahelas ku anak; pikiranana najan awewe lalaki ge, nyaah bae, da tunggal anak.

Ti dinja Nji Ma Tani bijil hatena mikir pigeusaneun, supaya bisa nyingkahan bahlana si anak tea. . Tuluy bae balina jeung tali ari-arina orok teh dirau, dibikeun ka hayam si-Jadug tea. Ari budakna disumputkeun ka leuweung, dipihapekeun ka hidji nini-nini dina tempatpat anu buni Sisi leuweung, jauh ka lemburmanehna. Jeung eta budak dibahanan siki kapas, supaya dipelakeun di mana engke geus gede. Ari ngaranna eta boedak dilandi ku indungna si Pucuk Kalumpang.

Enggalna eta orok ku nini-nini geus ditarima, tetep di nini sisi leuweung ,eta budak keur meujeuhna pisan di pusti-pusti. Ku nini-nini di timang beurang jeung peuting,kieu nimangna:

Timang aing timang kunang,
Timang aing timang kuning
mangkana ngeunah ti beurang
mangkana  tiis ti peuting

Reup budak teh hees meni ngajempling tibra,unggal-unggal poe kitu lakuna.

Tunda heula carita budak.

Kacaritakeun bapana nu karek datang, meutas kuli-kuli ti Batawi. Barang jol datang ka ka imahna, kasampak pamajikanana geus ngajuru; ti dinya pok bae nanja ka pamadjikanana: "kumaha, maneh geus ngajuru?"

Jawab bojona: "enggeus, tapi budak teh awewe malah ku kula geus dipeuncit dibikeun ka hayam jago si-Jadug tea". Bapana mangsa harita mah percaya.
Orokaya si-Jadug laju kongkorongok kieu pokna:

"blak-blak kukuruyuk,
 cacag lauk,bohong bae, 

 teu tarima wadul bae, 
 ngan mere balina bae, 
 jeung ari-arina bae, ari boedak mah dibikeun, 
 ka nini di sisi leuweung".


Barang kadenge yen hayam disadana kitu, laju Pa Tani ambek: ngagidir mani buncelik ka ewena, pok ngomong: "sia teh bohong ka aing, di mana ayeuna anak sia?" "Hayoh, ayeuna geura teangan bawa ka aing, lamun teu kapanggih mangke sia dipaehan". Bojona kacida reuwaseunana, sieun dipeuncit ku salakina.

Ti dinya tuluy indit, lumpat bari riwih-rawah ceurik, nalangsa nyaah anak. Manehna henteu nepi neangna budak; hulang-huleng, tuluy bae balik deui. Salakina nanyakeun pokna: "Mana, aya anak sia, di mana ayeuna ? Ku aing rek dibikeun ka si Jelug, hayam aing enggeus lapar". Jawab pamadjikanana: "weleh ku kula diteangan, teu kapanggih".

Bapana ngomong deui barina ngutruk bae. Ngasah gobang pirang-pirang, pokna: "Bohong bae, sia, hayoh, ayeuna geura balik deui teangan, masing kapanggih, hayam aing enggeus lapar. Ati-ati, sia, lamun teu aya, tangtu sia dipaehan ku aing". Ti dinya tuluy indungna balik deui pulang-anting bae teu weleh-weleh, ekol nyieun omongan ka salakina, supaya salamet, tapi teu beunang diampeuh, mototrot bae, napsuna teu aya lilirna.

Tunda heula carita bapana jeung indungna. Kacarios si Pucuk Kalupang ...(hanca alias nyambung).
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Ki Pucuk Kalumpang Bagian 1

Posting Komentar