Dongeng Sunda Sasakala Gunung Gelap | Garut

Dijual Buku Antik dan Langka



gunung gelap
Gunung Gelap téh gunung nu geueuman, sapanjang jalanna rembet ku
kakayon nu umurna kolot tur loba kacaritakeun sayangna dedemit jeung begal


Dongeng Sunda Sasakala Gunung Gelap
Gunung Gelap téh pernahna di daérah Cisompét. Keur nu kungsi ulin ka daerah pakidulan Pameungpeuk mah geus moal bireuk deui, da kaliwatan pisan. Gunung Gelap téh gunung nu geueum, sapanjang jalan téh rembet ku kakayon nu umurna kolot tur loba kacaritakeun sayangna dedemit jeung begal. Kaayaan geueumanana Gunung Gelap geus kawentar kamamana, tara aya nu wani ngaliwat sosoranganan atawa peuting-peuting. Geugeumanana horeng aya dongéngna, ieu caritana:

Tatar Pakidulan kawentar sayangna para jawara. Kasaktén para jawarana kawentar kamana-mana, jadi béja sabiwir hiji, élmuna linuhung tur saciduh metu sakecap nyata weruh sadurung winarah téh lain bohong. Karék ngadéngé ngaran jeung ningal dedeganana ogé, geus matak ngaleumpeuhkeun jajaten satruna.

Dina jaman baheula béh ditueun baheula, ti Nagara Pameungpeuk aya hiji jawara nu hayang néangan lawan tandingna pikeun ngasah élmu pangaweruh jampe pamakéna. Unggal lembur diasruk, unggal paguron didatangan. Taya maksud manéhna liat ti hayang panggih jeung lawannu satata nu bisa méré kanyeri kamanéhanana.

Sabada lembur-lembur sakuliah tatar pakidulan diasruk, éta jawara téh anjog ka lembur Cisompét. Saméméhna ngadéngé béja yén cenah di Cisompét éta aya hiji jawara nu geus ngaraja resi. Sabada nepi ka tempat jawara Cisompét, kalawan teu tata teu titi teu basa teu carita manéhna langsung ngumbar panangtangna.

Naha enya silaing téh hiji jawara kahot di ieu lembur?

Jawara Cisompét ukur imut bari unggut-unggutan.

Montong ngaku jawara pakidulan siah mun silaing can nalukeun aing! kituna téh bari tuluy narajang.

Jawara Cisompét henteu ngalawan, tapi tuluy ngagiwar tina panarajang jawara Pameungpeuk, manéhna tuluy nyingkahan panarajang musuhna nepi ka jauh ti lembur Cisompét, ngahaja ti dituna mah sangkan tarungna henteu di lembur nu baris ngarusak atawa matak ngabarérang ka nu teu tuah teu dosa. Tarungna dibawa ka gunung, nu pernaha rada jauh ti lembur.


 Dongeng Sunda Sasakala  Gunung Gelap | Garut


Sanggeus nepi ka gunung nu euweuh padumuk mah jawara Cisompét téh henteu nakisan jeung ngagiwaran panajarangna, tapi ngaladénan peureup ku peureupna. Tarungna dua jalma teureuh pakidulan ieu lain tarung biasa, kawantu tarung jawara pinunjul nu kasakténna sakti mandraguna. Silihtakis, silihréngkas, silihtonjokna nepi ka buburicakan lir gelap nu nguwak-ngawik langit jeung bebeledugan nu ngageumpeurkeun urang lembur Cisompét jeung sabudeureun gunung.

Langit ceudeum, nu tarung beuki ragot. Teu lila breg hujan, nu tarung lain beuki capé, tapi kacirina kalah beuki campuh. Hujan beuki ngabgreg gedé, hujan angin dordar gelap, dibarengan dordar jeung buburicakanana dua jawara nu keur ngadu kasaktén.

Buburicakan jeung dordarna nu galungan digunung téh katémbong ku urang lembur mah matak pikaketireun jeung pikasieuneun. Jawara nu galungan nepi ka peuting teu eureun-eureun tarungna, dordar gelapna masih kadéngé nepi ka tengah peuting.

Isuk-isuk ti gunung tempat galungan téh teu kadéngé jeung katingali dordarna gelap. Lembur-lembur sabudeureunana kapireng sepi jempling pikakeueungeun. Urang lembur taya saurang ogé nu wani ngulampreng ka luar, ngahéphép teu empés-empés. Tapi ti éta gunung taya nu mulang hiji-hiji acan, boh jawara Cisompét boh jawara Pameungpeuk. 

Urang lembur percaya, éta jawara téh nepi ka kiwari masih kénéh sok tarung. Nu matak lamun seug pareng hujan angin dordar gelap urang Cisompét jeung sabudeureun gunung éta dipahing indit atawa ngaliwat ka éta gunung, da cenah dua jawara keur tarung. Nya kulantaran kajadian éta ogé, éta gunung téh nelah jadi Gunung Gelap, nu asalna tina dordarna jeung buricakna gelap ti nu keur tarung ngadu jajaten dua jawara teureuh pakidulan Garut. Ku lantaran jarang kasaba ku jalma ogé, éta gunung jadi sayangna dedemit jeung begal, matak teu anéh mun pareng aya nu ngaliwat kapeutingan di Gunung Gelap kiwari, sok aya kacaritakeunana. Tina majalah Mangle kénging Taufik Rahayu  
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Gunung Gelap | Garut

Posting Komentar