Sasakala Laut Caina Asin
Kacatur jaman baheula, aya dua jelema, adi lanceuk. Lanceukna ngarana Subur, ari adina ngarana Sabar.
Kawas nu meunang nyetelkeun, si Subur teh hirupna ma’mur, rea ketan rea keton. Pacabakanana jadi sudagar nu sok jual beuli rupa-rupa barang ka mancanagara. Mun ayeuna mah meureun pangusaha ekspor impor. Ngan hanjakalna, anjeuna kumed leuwih ti misti.
Estuning beda jeung adina anu ngaran Sabar tea. Sanajan anjeunna miskin, tapi masih keneh daek tutulung ka batur. Anjeuna katotol jalma sabar jeung tawakal. Boga lanceuk beurat beunghar oge, tara ieuh dipake pananggeuhan. Keur mah lanceukna kitu deui, cap jahe merengkel ka hate-hate. Ari pacabakan sapopoe Sabar teh kana tani jeung kula-kuli.
Pareng hiji mangsa, datang usum paila, lantaran halodo panjang. Tatanen si Sabar gagal. Anu ahirna, anjeuna kapaksa ngadatangan lanceukna. Maksudna taya lian, rek lahlahan nginjeum duit atawa naon bae anu bisa dipake dahareun. Piraku sugan lanceukna henteu haat nulungan.
Barang datang ka imah lanceukna, disampakkeun bubuden haseum.
"Aya naon ka dieu, Di, tara-tara ti sasari?" lanceukna nanya.
"Nu mawi Kang, adi teh aya kaperyogian"
"kaperluan naon? Sok pok caritakeun buru-buru, Akang masih keneh loba gawe."
Barabat atuh si Sabar nyaritakeun pamaksudanana.
"Duit mah euweuh, maksud teh euweuh anu nganggur. Aya oge ku akang rek dipake balanja. Jeung deui lamun ku akang di bere nginjeum,kumaha mayarna? " da akang mah jalma usaha, sakur duit anu kaluar kudu balik deui bari aya untungna keur akang. Ayeuna mah kieu bae, akang rek mere ka Adi, beas dua kilo mah, da sakitu oge untung atuh, sabab ayeuna mah euweuh nu haratis.”
Bari hatena peurih leuwih-leuwih ti digerihan ku hinis, beas teh ditampa. Lumayan keur ngabanjel-banjel beuteung manehna jeung anak pamajikanana. Pamere ti lanceukna ditarimakeun pisan, tuluy bae balik ka imahna.
Teu lila ti harita, ka imah si Subur aya anu uluk salam, nyaeta aki-aki anu awakna begang tur piwatireun. Anjeuna arek menta dahar. Tapi manan dibere malah diomongan tur dititah indit ti imahna Subur.
Teu lila ti harita oge, aki-aki teh geus nangtung hareupeun panto imah Sabar. Terus uluk salam. Ditembalan ku pribumi, terus dibukakeun pantona.
Pok pribumi nanya, "aki teh anu ti mana sareng bade ka saha?"
Si aki nembalan, "lembur aki mah jauh, Nu mawi kadieu, aki teh neda pitulung, manawi aya sih piwelasna".
"mangga aki, carioskeun bae, manawi abdi tiasa ngabantuan," ceuk pribumi darehdeh. “mangga ka lebet atuh, aki."
"Sawios ujang. Aki teh bade nyuhunkeun sangu, manawi aya,. Tos dua dinten teu kararaban sangu."
Ku bager-bagerna Sabar, sanajan anjeuna boga beas saeutik. Anjeuna tetep nulungan eta aki-aki anu kalaparan.
Rengse dahar, aki-aki amitan. Teu bisa ditahan maksa hayang indit bae. Tapi samemeh indit anjeuna mere jimat ka si Sabar, anu mangrupa lulumpang leutik jeung haluna.
Anjeuna nyaritakeun yen ieu teh lain lulumpang jeung halu samanea, tapi aya hasiatna. Hasiatna nyaeta naon anu dipikahayang ku urang bakal ditedunan. Jeung cara ngeureunkeunana, lulumpang teh awuran ku taneuh saeutik. Tuluy si aki-aki teh kaluar ti imah. Les bae teu kanyahoan kamana inditna.
Gancang carita si Sabar geus benghar, tapi anjeuna tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang si subur ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Subur datang ka si Sabar, ku Sabar kalah dicaritekeun kabeh ka si Subur, yen carana make lulumpang. Anu ahirna dibawa minggat si lulumpang teh ku lanceukna ka alas pentas.
Kocapkeun si Subur, kapalna geus ngangkleung di tengah laut. Hate si subur bungah taya papadana. Teu panasaran ninggalkeun pakaya dilemburna oge, sabab baris kagantian. Manehna boga lulumpang aheng. Sagala kahayangna baris timekanan.
"Aing bakal jadi jelema pangbeungharna sadunya", gerentes hate si Subur. Barakatak atuh seuri.
Tempona dahar, brak sarerea dalahar. Dahar ngeunah sukan –sukan. Ngan aya nu aneh, kabeh kadaharan teh bet henteu mirasa. Karasana calawerang.
"Naha kadaharan teh bet kurang sari?" ceuk si Subur, dienyakeun ku nu sejen. "Cing, tanyakeun ka juru masak, naon sababna?"
Anu dititah nanyakeun indit, teu lila geus datang deui.
"Saurna teh juragan, teu aya uyah. Tadi sateuacan mios teu kabujeng meser uyah heula. Janten sadaya kaolahan teh yeu nganggo uyah."
"Paingan atuh cawerang. Geus tong loba omong. Ayeuna tenjokeun kusarerea, kula rek ngadatangkeun uyah," ceuk si Subur. Kusiwel ngaluarkeun lulumpang jeung haluna.
Terus bae si Subur teh menta uyah ka lulumpang, uyah teh kaluar teu ereun-ereun, sabab si Subur pohoeun teu mawa taneuh. Beuki lila, uyah teh beuki loba bae minuhan kapal cai. Kapal beurateun ku uyah. Jalanan oleng. Antukna lep bae karem ka jero laut. Jelema patingkoceak menta tulung. Bororaah nulungan batur, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan. Kapal karem, kabeh panumpangna, kaasup si Subur jeung kulawargana, taya nu salamet.
Ari lulumpang aheng tea, ceuk dongeng mah nepi ka ayeuna oge terus bae digawe, teu eureun-eureun ngaluarkeun uyah. Nu matak cenah, cai laut mah asin, lantara ngandung uyah tina lulumpang tea. Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas
Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.
Posting Komentar