Dongeng Sunda Sasakala Lutung Buluna Hideung

Dijual Buku Antik dan Langka



Dongeng Sunda Sasakala Lutung Buluna Hideung




Sasakala Lutung Buluna Hideung
Kacaritakeun jaman baheula sasatoan téh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabéh sasatoan hirupna téh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap musuh ku sasatoan téh ngan hiji, nyaéta paninggaran (tukang moro).

Hiji mangsa si Lutung jeung si  kuda Sébra keur uplek ngalobrol.

“Tung jigana mah ngan bulu urang baé anu teu rupa-rupa warnana téh, nya?” ceuk si kuda Sébra

“Enya nya, nga urang baé nu goréng bulu téh. Ténjo tuh si Mérah mah, buluna mani rupa-rupa, “ témbal si Lutung.

“Tung, kumaha lamun bulu urang téh urang pulas baé ambéh rupa-rupa kawas batur!” ceuk si kuda Sébra.

“Hayu baé, ayeuna urang ménta cétna heula ka patani, sugan baé bogaeun kenéh, sésa éta patani ngecét saungna” témbal si Lutung.

Bral baé si Sébra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rék ménta cek. Kabeneran di imah patani aya kénéh cét, tapi kari cét hideung.

“baé lah cek hideung ogé” ceuk si Sebra, nya dibikeun baé cét téh ku patani ka Si Sébra jeung si Lutung.

Kacaritakeun si Sébra jeung si Lutung sasadian rék mulas bulu maranéhna.

“urang heula ah nu dipulasna” ceuk si Sebra, “Sok baé lah”  tembal si Lutung bari prak mulas bulu si Sébra. Ari Warnana teh geus disatujuan ku duanana ogé, nyaéta warna belang. Ku sabab bulu si Sébra mah bodas, nya warna buluna téh jadi hideung  bodas, mani alus katénjona ogé.

Sanggeus bulu si Sebra kabéh dipulasna, nya ayeuna bagéan si Sébra mulas bulu si Lutung. Ku sabab cétna di handap, nya ku si Sébra téh rék dikatempat nu rada luhur, kakara gé cét téh rék dikaluhurkeun, na ari jeletit téh suku si Sébra digégél sireum. Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si Lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung téh warna hideung.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Lutung Buluna Hideung

Posting Komentar