Biografi Bupati Sumedang Aria Suria Atmadja | Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka




bupati sumedang
 PANGERAN ARIA SURIA ATMAJA


Bupati Sumedang kadua anu ageung jasana ka rayat katut pangwangunan daerah Sumedang, Pangeran Aria Suria Atmadja anu langkung mashur jujulukna Pangeran Mekah. Ditelah Pangeran Mekah, sabada Kangjeng Dalem wafat di Mekah nuju nutaskeun Rukun Islam anu kalima Munggah Haji. Pangeran Aria Suria Amaja dibabarkeun 11 Januri 1851 di Sumedang.

Ari ramana Pangeran Suria Kusumah Adinata atawa jenengan anu sohorna mah Pangeran Sugih tea. ibuna mah Raden Ayu Ratnaningrat, putri Demang Somawilaga Jaksa Sumedang. Bupati anu keur murangkalihna disebat Aom Sadeli teh ngewitan sakola dina yuswa 8 taun, saterusna diajar Basa Walanda dugi ka ngolotok. Yuswa 14 taun magang bari diajar basa Inggris jeung Perancis bari henteu lali ngulik bab elmu kaagamaan, kalebet ngaos. Al Qur’anul Karim.

Ti Raden Ayu Ratnaningrum Pangeran Mekah kagungan putra istri hiji-hijina anu dipaparin jenengan Raden Ayu Yogjainten anu nikah sareng Raden Rangga Wirahadisurya. Yogjainten ti Raden Rangga kagungan putra jenengan Raden Achmad Basari, pupus taun 1917. Ku kituna, Pangeran Mekah henteu kagungan rundayan langsung anu manjangkeun lalakon. Pangeran Mekah benten ti ramana anu sok disalindir Pangeran Sugih ku istri, anjeunna mah geureuhana mung hiji-hiji-na Raden Ayu Ratnaningrum terahing menak Garut.

Tapi sok sanajan kitu, ari jasa Sang pangeran kana ngawangun daerahna mah tan wilangan. Dina jamanna pangwangunan ngageder ampir taya ngasona. Nya ti harita Sumedang ngudag ajen inajen hudang dangiang teh. Ti harita oge kuduna make SULUK “Nyandang Kahayang”, da ayeuna mah ngan tinggal lajuning lakuna. Pangwangunan anu pangdiutamakeu-na, pertanian, tug tepi ka ayeuna mashur pertanian di wewengkon Sumedang teh. Aya lajuning lakuna, malah manjang. Sumedang boga tangkil, jeruk Cikoneng, taleus Ganeas, boled Cilembu, jeruk Tanjungsari, Tacan bubuahan, di Tanjungsari aya perkebunan jeruk kajeun Jepang nu bogana, Buahdua jeung Conggeang boga salak jeung sajabana…jeung sajabana.

Tanah anu umumna lamping gunung atawa pasir anu nangtawing. Sang Pangeran henteu seepeun akal enggoning nuyun rayatna, tanah lamping nu sakumaha nangtawingna teh heug, disengked, ditangga-tangga anu sohor disebut Terasiring tea dina elmu tatanen anu moderen mah. tepi ka ahima tanah dengdek teh bisa dibebenah jadi sawah nu ngahasilkeun pare turta kualitas parena oge sohor tepi ka kiwari. Mun geus jadi beas disebutna “Beas Sumedang”. Hasilna mucekil saban panen teh sanajan sewahna. tadah hujan, saukur dicaian ku sih piwelasna hujan. Lian ti pare, Bupati. oge cumeluk sangkan patani marelak patawija, bibinihanana didatangkeun ti Indramayu, kalapa mah binihna ti Jawa jeung Bali. Bupati oge nyadiakeun bantuan modal keur petemakan, elmuna, “. padika diajar tatanen mangrupa anu dijudulan ” Mitra Noe Tani” karya K.F Holle.

Pangeran Mekah oge dina jamanna, ngawangun irigasi di Ujung keur ngaduum cai ka pasawahan Kebon awi di Cijambu jeung ‘Gunung Simpay dilegaan, tanah anger jeung tegal eurih dibukbak dijadikeun kentang jeung sayuran. Ari peternakan, kuda, sapi jeung munding usahana leuwih ditingkatkeun deui kawilang topek jeung ahli kana peternakan di Sumedang jaman hannah, 1903 peresisna, Naib Tanjungsari, Raden Haji Muhamad Usman jeung raina, Raden Muhamad Pesta, ku Bupati dijurung ngulik elmuning peternakan kuda ka Sumba jeung Sumbawa, marulangna dipentes mawa kuda jalu pejantan (Pamacek) anu hade.

Sapi mah taun 1908 ngadatangkeun ti Madura enggon sapi anu kualitasna hade. Mun ayeuna aya Sapi Banpres (Bantuan Presiden), jaman baheula jaman Pangeran Mekah aya Sapi Banbup atawa Sapi Bantuan Bupati. Pangeran Mekah ngabagikeun sapi Benggala ka patani, naurna dicicil, jiga jaman ayeuna we. Eta kawijakan tetela geus dipetakeun ti baheula di Sumedang. Malah aya Dokter Hewan anu husus dipapancenan milu mariksa jeung nalingakeun kasehatan ingon-ingon milik patani.

Pikeun ngajurung ludeung jeung mere sumanget gawe ka rayat, Bupati ngahaja sacara mayeng ngagelar lomba temak rayat, hadiahna ti Pangeran Mekah mangrupa premi-remi jeung layang pangajen anu eusina diimplik-implikan ku nasehat-nasehat mangpaat keur bekel ludeung para patani. Taun 1898 Pangeran Mekah ngagaleuh 40 hektar tanah gundul mangrupa lamping-lamping nangtawing anu saterusna disengked-sengked mun disawang ti kaanggangan jiga tangga-tangga meulitan pasir, leuwih endah sabada cia sengkedan-sengkedan geus jadi pasawahan anu hejo ngemploh. Wewengkon anu ku rayat diculjeunieun lantaran diaranggap enggon memedi; siluman siluman jeung dedemit oge der weh ku Kangjeng Mekah mah disangling jadi pasawahan anu lendo jeung produktip.

Sakola Pertanian Tanjungsari
Sang Pangeran anu henteu tiasa tibra kulem awahing ku melang ka rayat teh ngemut anu langkung panjang deui, banget palay ningkatkeun elmu pangeweruh rayatna husus dina hal tatanen. Elmu teh penting keur ningkatkeun kualitas produksi jeung jumlah produksina. Ari elmu ayana ngan di sakola. Jorojoy we kagungan emutan anu ahirna jadi kawijakan jeung putusan, ngadegkeun Sakola Pertanian di Tanjungsari lembur anu subur tur lega padataranana. Nganggo modal pribadi anu ageungna 3.000 gulden keur waragad ngadegkeun sakola nu lawas dicita-citakeunana teh. Saenyana opat taun samemehna, dina raraga nataharkeun ngadegkeun sakola pertanian di Tanjungsari, Patih Sumedang Raden Rangga Wirahadisurya dijurung angkat ka Sakola Tani (Desa Lanbauwschootjes), di Ciparay, Soreang. Kumaha kira-kirana lamun di Tanjungsari diadegkeun sakola anu sarua. Tetela Tanjungsari jadi leuwih sohor jeung kajojo sabada sakola resmi dibuka turta narima murid ti mana-mendi.

Praktek gawe murid-muridna, rupaning hasil tatanen diborong ku Kangjeng Dalem. Saluyu jeung kamekaran sakola pertanian, lokasi sakolaan anu tadina legana ngan 6 bau teh dilegaan jadi 12 bau. Sakola-sakola anu sarua, husus keur rayat nu marangkuk di pasisian tepiswiring sisi lamping diadegkeun di sakuliah Kabupaten Sumedang. Tepi ka kawajiban diajar keur munggaran, dilarapkeun di Sumedang. Jadi mun ayeuna digembar-gemborkeun Wajib Belajar, bari jeung mahal teh waragadna, saenyana anu munggaran mah dilaksanakeun di wewengkon Kabupaten Sumedang dumasar kana kawijakan Bupati Sumedang Pangeran Mekah ti taun 1915 ti kata tepi ka desa-desa.

Taun 1915 di dayeuh Sumedang geus aye Hollandsch Inlandsche School. Kantor telepun dipasang di kamar Paseban beulah kaler keur leuwih lancarna komunikasi pamarentahan. Pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat, Pangeran Mekah ngawangun “Bank Prijaji” faun 1901 tukangeun kantor Jaksa Sumedang. Taun 1910 malah geus boga gedong sorangan Bank Priyayi teh, ngaranna ge diganti jadi “Soemedangsche Afdeeling Bank”. Taun 1915  Kangjeng Mekah ngadegkeun Bank desa di tiap desa, husus we eta mah peur nulung bantu rayat di padesaan. Henteu kapameng toweksa jung palamarta, Kangjeng Mekah boh ka para priyayi boh ka rayat.

Emut kana pangabaktina para Kapala Onderdistrik nu pancen gawe di lembur-lembur, Bupati ngadamel perumahan husus keur para Kapala OndercEitnk, waragadna ti pribadi Kanjeng Dalem ku anjeun. Keur rayat leutik dibangun leuit miskin anu saterusna diganti jadi Leuit Desa. Lian ti kitu, diadegkeun oge Bale pangobatan gratis keur rayat anu teu marampuh. Taun 1897 burudul daratang sarombongan rayat Indramayu nu kalaparan. Ku Kangjeng Dalem diangken dihiap-hiap malah dibere laban garapan mangrupa pasawahan di Desa Sampora Distrik Tomo. Keur jagabaya, aya Siskamling anu ronda malem saban peuting sacara bagilir. Pikeun lancarna Siskamling nya diadegkeun garduh-garduh ronda di kata tepi ka kampung jeung desa-desa, kacamatan katut kawadanan.

Dumasar kana jasa-jasana eng-goning ngawangun Sumedang boh pisik boh manusana, Kanjeng Dalem Sumedang Pangeran Aria Suria Atmaja atawa Dalem Mekah tea dileler layang pangajan, Bentang Oranyeu jeung pajeng Kuning. Taun 1891 dileler Groot Goulden Ster, Taun 1903 Bintang Officier der Orde van Oranye Nassaum terus Bintang Agung Ridder der Orde van Nederhandschge Leeuw nu ku urang Sumedang mah disebutna teh Bentang Leo. Taun 1898 dileler gelar Adipati. Taun 1906 dileler gelar :ARIA”, Taun 1910 gelar “Pangeran sareng Pajeng Gilap” (Pangheran met de vergulde Pajong).

Sabada pangsiun Pangeran Mekah munggah haji ka Tanah Suci Mekah, tapi nu mulih ukur jenengan margi Kangjeng Dalem anu rancage teh wapat di Tanah Suci ku sabab teu damang. Jasadna dipendem di Ma’la Mekah 1 Juni 1921. Sohor ditarelah Pangeran Sampuma Mekah. Pikeun mieling jasa-jasa Pangeran Mekah anu tan wilangan, April 1922 di tengah-tengah alun-alun kota Sumedang diadegkeun Monumen mangrupa Lingga oge Gupemur Jendral D.Fock disaksian ku para Bupati, Residen sa Tatar Priangan.

Pangeran Mekah disebat Bupati anu pernah, henteu kagungan ambisi tapi loyalitasna luhur pisan, tepi ka dina jaman pamarentahanna henteu aya hiji oge Partey Pulitik anu bisa asup ka Sumedang. Kangjeng dalem Mekah memang anti Komunis, antipasi ka sawatara Partey, tepi ka anjeunna mah disebat “Bupati anu henteu berpulitik”.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Biografi Bupati Sumedang Aria Suria Atmadja | Bahasa Sunda

Posting Komentar