Dongeng Sunda Sasakala Arca Domas Bogor

Dijual Buku Antik dan Langka




BOGOR 1904



Sasakala Arca Domas
Di Gunung Cibodas, Kabupatén Bogor, aya arca batu pirang-pirang lobana. Disebutna Arcadomas. Baheula mah cenah lobana téh dalapan ratus. Hartina domas nyaéta dalapan ratus. Jeung ceuk béja deui, nu jadi éta arca téh kabéh ogé urang Pajajaran, anu henteu daék anut agama Islam.

Cenah mah sasakalana téh kieu:
Jaman baheula, aya karajaan gedé. Katelahna Karajaan Pajajaran. Dayeuhna aya di wewengkon Bogor ayeuna. Sakurilingna dipager kuta kacida tohagana. Kaca-kacana aya di unggal madhab. Sarta unggal kaca-kaca dijaga ku perjurit, anu tohaga jeung samakta pakarangna. Saha baé anu rék asup ka jero dayeuh, kudu ngaliwatan heula éta kaca-kaca.
Ari anu jadi raja di Pajajaran harita, Kaceluk jujulukna, Sang Prabu Siliwangi.
Sang Prabu sarahayatna ngaragem agama Hindu. Agama anu diagem ku bangsa urang harita.
Lain baé di sakulian Pulo Jawa, tapi ogé méh di sakuliah Nusantara deuih. Éta agama téh asalna mah ti India. Asupna ka urang geus ti béh ditu mula. Dibawa ku bangsa India anu daratang ka urang.

Tapi di sawatara tempat mah, geus aya anu ngagem agama Islam.
Harita geus dug-deg karajaan-karajaan Islam. Upamana baé Demak, Cirebon, jeung Banten.
Kitu deui jeung Palabuan Sunda Kalapa, anu geus kaeréh ku Banten. Di dinya mah geus loba anu ngagem Islam. Ari agama Islam sumebarna di urang, utamana mah lantaran yasana Wali Sanga.

Karajaan Islam anu natangga jeung Pajajaran, nyaéta Karajaan Banten, nu dirajaan ku Sultan Hasanudin. Ari puseur dayeuhna di Surosowan, anu perenahna deukeut ka basisir Banten. Dina tempo anu singget Karajaan Banten geus ngajanggélék jadi karajaan anu gedé.
Agama Islam dijadikeun agama resmi karajaan.

Sultan Banten kagungan niat,palay ngislamkeun Karajaan Pajajaran.
Nya anu pangheulana kudu diajak asup Islam téh, tangtu baé rajana, nyaéta Prabu Siliwangi.
Da lamun rajana geus ngagem agama Islam mah, tangtu rahayatna bakal naluturkeun. Tuluy baé atuh Sultan Banten téh ngirim utusan. Éta utusan mawa surat keur ka Prabu Siliwangi.

Kacarita utusan téh geus nepi wé ka Pajajaran. Suratna tos katampi ku Sang Prabu Siliwangi.
Teras suratna diaos kalawan antaré. Ari ungelna éta surat, nganaséhatansupados Sang Prabu sareng rahayatnaénggal-énggal anut agama Islam.Lamun henteu kitu, tangtu bakal dirurug ti Banten.

Sang Prabu henteu mindel sedakapan.Anjeunna maphum yén balad Bantentohaga tur samakta pakarangna. Cindekna mah lain lawan-lawaneun. Tapi tawis raja anu henteu dijajah, tur maksadna ngabéla kayakinan, yén agama Hindu taya dosana, éta naséhat ku anjeunna ditolak sapadamayan.

Ari anu mawa surat ti Banten téasaenyana urang Pajajaran kénéh, ngan geus lila ngumbara di Banten. Malah geus ka Mekah sagala, ngajéroan ngulikna agama Islam téh. Geus kaasup alim gedé,
nelah jenenganana Kéan Santang. Kaasup salahsaurang kepetengan Sultan Banten.

Samulangna Kéan Santang, Prabu Siliwangi ngempelkeun paraponggawa, mantri, sénapati, katut kapetengan lianna. Ngabadantenkeun saniskara pasualan nagara. Patali jeung ditolakna naséhat Sultan Banten. Moal henteu, saurna, Banten tangtu ngarurug. Najan waktuna tacan pasti, tapa sawadina kudu iatna ti ayeuna.

Sang Prabu nimbalan sénapati pangluhurna, anu jenenganana Norogol, supaya nohagaan bénténg pertahanan. Sawatara kapala perang geus diparéntah, kudu ngajaga liliwatan di pagunungan, supaya musuh ulah bisa nobros ka Dayeuh Pajajaran. Harita kénéh paréntah Sang Prabu dilaksanakeun. Pajajaran sayaga nadah panarajang musuh.

Kacaritakeun Wirakarta, nyaéta hiji kapala perang nonoman, ngaraos hémeng lantaran ku nu jadi sénapatihenteu diparéntah nanaon. Anjeunna aya sangkaan yén anu matak kitu téh, lantaran anjeunna sadérék Kéan Santang, anu geus meunang jujuluk Macan Nusa Jawa, tina gedé wawanénna kasartaan ku gagah perkosana.

Wirakarta banget panasaran,tur ngaraos kawajiban ngabéla lemah cai, anjeunna énggal medekan ka Sang Prabu, nyuhunkeun dipaparin damel kaperjuritan. Dihenteu-henteu ogé, anjeunna rahayat Pajajaran. Sanajan jeung Kéan Santang katalian babarayaan, hate leutikna mah manteng ka leman caina.

Sang Prabu badanten jeung Sénapati Norogol,sarta énggal Wirakarta kénging paréntah,kedah ngajaga kaca-kaca beulah kulon. Tapi waktuna ngamimitian ngajaga, saur Norogol, kudu nunggu paréntah deui. Wirakarta mungkur ti payuneun Sang Prabu. Paromanna alum ngemu kabingung.

Sumping ka bumina, Wirakarta teu senang manah, nepi ka teu barangtuang barangleueut. Haténa marudah guling gasahan. Dipaksakeun kulem teu tiasa peureum. Tengah peuting anjeunna tapakur, neneda agungna ka paradéwa, sangkan Sang Prabu ulah cangcaya.

16, Sanggeus meunang tujuh peuting, paréntah nu dianti-anti henteu ngabukti, Wirakarta leungit kasabaranana. Tuluy nulis surat dina daun lontar, ditulis ku péso pangot.Geus réngsé, diasupkeun kana ruas, sarta ditutup ku malam rapet pisan. Terus dibungkus deui dibuni-buni

Wirakarta maréntah gandéka,gandék anu jadi kapercayaanana, pikeun nganteurkeun éta surat.
Anu ditujul Kéan Santang di Banten. Sanggeus nampa surat, si gandék indit gagancangan.Kaluar ti Dayeuh Pajajaran rerencepan.

Éta gandék geus nyahoeun,yén di mana-mana geus dijaga ku perjurit. Perjurit Pajajaran anu samakta pakarangna. Lamun seug suratna téa katangkep, tangtu manéhna bakal ditangkep, dununganana ogé geus pasti bakal kabaud. Dianggap geus hianat ka nagara, hukumanana anu pasti, nyaéta hukum pati.

Tapi tina percékana éta gandék, manéhna bisa salamet nepi ka Banten, sarta gancangna carita, geus diaos suratna ku Kéan Santang. Kéan Santang kacida bungahna, barang uninga éta surat ti Wirakarta. Komo saparantis uninga ungelna mah. Mutuh matak pikabingaheun manahna.

Ari ungel éta surat nyarioskeun,yén pangagung di Pajajaran, kalebet Sang Prabu Siliwangi, ngandung curiga ka Wirakarta, nepi ka matak salempang pibalukareunana.“Ku margi éta,” cék Wirakarta nutup suratna,“mugi-mugi Kang Raka kersa maparin bongbolongan.”
Dicaritakeun deuih yén ayeuna Wirakarta, kapapancénan ngajaga kaca-kaca Beulah kulon.

Kéan Santang nyaur sajeroning manah, “Alamat hadé, yeuh. Aing datang ka Pajajarankudu nyorang kaca-kaca beulah kulon. Ayeuna éta kaca-kaca dijaga ku adi aing, atuh sasat ngan kari asup.”
Harita kénéh anjeunna ngawalon serat. Wirakarta diwujuk biluk ka balad Banten, sarta baris meunang ganjaran ti Sultan.

Dina malem Ahad-Legi tanggal lilikuran,Kéan Santang katut lima ratus perjurit, kira wanci kongkorongok hayam sakali, tangtu geus aya di Pajajaran, deukeut kaca-kaca kulon.
Lamun aya anu ngetrok kana panto kaca-kaca, kudu gancang-gancang dibuka, sangkan balad Banten bisa asup ka jero karaton. Kitu ungelna surat walonan ti Kéan Santang téh.

Teu kacatur di jalanna ,nu mawa surat geus datang deui ka Pajajaran, jeung suratna geus dibuka ku Wirakarta. Anjeunna bingung, manahna marojéngja. Ras ka Raja anu jadi pupundénna, ras deui ka lemah cai anu kudu dibélaan, tapi ras ka diri pribadi anu teu aman, jeung ras ingét ka Kéan Santang, sadérékna. Wirakarta henteu gancang nyieun putusan.

Kacarita tengah peuting nu kaungel dina surat, Wirakarta aya di tukangeun panto kaca-kaca.
Wanci kongkorongok hayam sakali, aya nu ngetrokan panto kaca-kaca. Bray pantona dibuka lalaunan, sup Kéan Santang asup rerencepan, dituturkeun ku balad-baladna.

Harita téh keur meujeuhna tiris. Lolobana perjurit sararé tibra, ngan saeutik anu kagiliran nyaring, ngajaga mundar-mandir. Anu matak balad Banten bisa laluasa, arasup ka jero Dayeuh Pajajaran.
Teu hésé ngala bongohna anu keur jaga.

Barang musuh geus arasup, nu sararé buru-buru digeuingkeun,tapi lapur méméh nyarekel pakarang, balad Banten geus nyarampak di dinya, terus baé disabetan ku balad Banten.
Loba anu maot sapisan sapada harita. Anu salamet buru-buru lumpat, laporan ka Sénapati Norogol.

Norogol énggal-énggal angkat ka karaton. Sang Prabu Siliwangi digugahkeun, diunjukanan langkung saé lolos ka palih wétan, margi nuju perang campuh palih kulon. Balad Pajajaran keur perang adu hareupan, ngalawan balad Banten anu bisa norobos kuta. Najan geus biasa tandang di médan perang, harita mah Sang Prabu séjén wirasat, ngaraos perlu ngadangu kana piunjuk Norogol.

Énggal baé Sang Prabu lolos sagarwa-putra,medal ti Dayeuh Pakuan lebet ka leuweung.
Abdi-abdi anu seja bélapati padangiring. Sapangeusi karaton teu sirikna dikerid peuti.
Angkat rurusuhan ka palih wétan. Sababaraha perjurit pinilih nyarengan, ngaping ngajaring Sang Prabu sagarwa-putra. Teras mapay-mapay leuweung geledegan, anu engké brasna ka Gunung Cibodas.

Bray beurang, burudul balad Banten daratang, jumlahna loba jeung pakarangna samakta. Der merangan jelema nu di luareun karaton.Saha-saha anu teu daék anut Islam, geus ulah ngarepkeun hirup. Jadi parab pakarang harita kénéh. Antukna teu saeutik rahayat Pajajaran,
anu anut Islam sapada harita.

Tapi henteu saeutik deuih rahayat anu lolos.Pirang-pirang réana marubus ka leuweung. Aya anu milu jeung Sang Prabu Siliwangi,aya ogé anu leumpang sakaparan-paran. Atuh Dayeuh Pajajaran téh ngadadak sepi. Di karaton geus parongpong. Ngan Sénapati Norogol anu tanggoh, kawas nu hoyong uninga jajatén musuh.

Barang nepi Kéan Santang ka karaton, rék mintonkeun kagagahan,jadi lémpés, sabab ningali Norogolteu gedag bulu salambar, teu mundur satunjang béas, tanda perjurit lineuwih pilih tanding.
Lain lawan-lawaneun perjurit atah-atah,lain sanghareupaneun méméh sasarap. Lain unghakeun.

Sanggeusna papayun-payun, Kéan Santang uluk salam,Pok Kéan Santang nyaur kieu, “Ieu kaula gaduh iteuk bantun ti Mekah, badé ditancebkeun kana taneuh. Mangga ku sampéan cabut.

Upami kénging dicabut, tawis sampéan ngagem agama suci, nanging upami teu kénging, sampéan kedah anut agama Islam.”

Sanggeus iteuk ditancebkeun, Norogol ujub bakal kacabut, sabab kabedasanana pilih tanding.
Tapi barang dicoba-coba, bet iteuk téh teu onggét-onggét acan. Sababaraha kali ditarik,éta iteuk kalah beuki jero nancebna. Tungtungna anjeunna waléh, rumaos kadéséh ku Kéan Santang.

Énggal amit ka Kéan Santang,rék ngabujeng Sang Prabu Siliwangi, malahmandar kersaeun anut Islam. Leumpang ngagedig gagancangan. Nyorang leuweung geledegan, mipir pasir ngeumbing jangkar. Jungkrang-jungkrang geus kasorang. Anu disungsi can kapanggih baé.

Heuleut sawatara poé,Sang Prabu téh kasondong ku Norogol, nuju ngarereb di Gunung Cibodas.
Sanggeus kitu, Norogol unjukan, nguningakeun peperangan, ti wiwitan nepi ka wekasanana,
kitu deui hal jajatén Kéan Santang. Norogol umajak ka Sang Prabu, supados kersa anut Islam.

Sang Prabu mindel sakedap, nembé sasauran ka garwa-putra katut pangiringna.“Kami nyaho, yén di dunya taya nu langgeng. Marga kersa Nu Murba Wisésa, ayeuna agama Islam kudu nanjung.
Lamun terus perang sadulur, matak ancur tutumpuran, matak ruksak matak rugi ka saréréa.”

“Maranéh kabéh kumaha raga katineung,meunang milih agama nu mana baé. Ari kami neneda ka Mahadéwa, nyuhunkeun asup ka Suralaya.”Harita kénéh Sang Prabu Siliwangi téh, les leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Leungit jirimna, anu sok disebut ngahiang téa.

Nu kantun bati melengek, nalangsa taya hinggana, prihatin taya tandingna.Sawaréh indit ti dinya, laleumpang saparan-paran, nuturkeun indung suku.

Sawaréh cicing di dinya, ngarep-ngarep sugan panutan sumping deui. Tapi kawas geus kersa Maha Kawasa,anu ninggalkeun manéh di Gunung Cibodas, salin jinis kabéh jadi arca batu,sarta nepi ka ayeuna disarebut Arcadomas. Anu matak disebut Arcadomas, ti heula ogé geus disebutkeun,
lantaran réana éta arca, dalapan ratus.

Ari nu neruskeun mubus, lila-lila narepi ka Cibéo, ngahiji jeung urang Kanékés, nu asal ti Banten-Kalér, waktu rajana nu katelah Pucuk Umun, kadéséh ku urang Islam. Urang Kanékés téh sok disebut urang Baduy. Padahal maranéhna mah leuwih resepeun, lamun disarebut urang Kanékés baé.

Sanggeus urang Pajajaran anut Islam, Kéan Santang terus ngislamkeun jelema-jelema, leumpang mapay-mapay pagunungan, terus nepi ka basisir kidul. Ngajarkeun Islam di sawatara tempat, lamun geus dianggap réngsé, éta tempat ditinggalkeun, néangan deui tempat anyar, anu jelema-jelema anu can ngagem Islam.

Deukeut Teluk Cilaut-Eureun, di basisir kidul Pameungpeuk, aya batu urut calik Kéan Santang, waktu anjeunna jumeneng raja di Sancang,jujuluk Sang Prabu Gagak Lumayung.
Ari pasaréanana ayana di Kampung Godog, teu pati jauh ti Kota Garut, sok loba anu jarah, utamana bulan Mulud.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Arca Domas Bogor

Posting Komentar