Dongeng Sunda Aji Saka Bagian 1

Dijual Buku Antik dan Langka


dongeng sunda aji saka


Dongeng Sunda Aji Saka
Jaman baheula pisan aya hiji Ratu jenengan Dewata Cengkar. Karatona di Medang Kamulan. Eta Ratu teh bangsa buta, kabeukina jelema. Awakna sagede munding kabiri. Unggal poe kudu bae tuang jelema. Dikerekeb hirup-hirup bae, cara ucing ngakan beurit. Celetrok sirah jelema teh dicetrok, cara urang nyetrok jambu meureun, tuluy digorogotan dagingna. Tulangna oge dikokosan deuih. Jeung ku gembul deuih eta buta teh, jelema beak-beak bae, tara aya sesana. Ari nu purah neangan tuangeun raja teh papatihna. Unggal poe teu meunang henteu kudu caos budak hiji nu lintuh. Ari nu kuru mah teu beukieun. Aki-aki oge teu beukieun deuih, da liat jeung kelang cenah.

Atuh jelema-jelema teh ngan bati susah bae, da ngalawan mah teu bisa, kawantu buta gagah. Matak watir pisan ku indung bapa anu jadi parab tea, careurik pating jarerit, ari nenjo anakna dipaksa ditewak, dibawa ka karaton teh.

Komo budakna mah jejeritan adug-adugan, kokoceakan. Tapi keukeuh bae diborogod rek dijieun parab, patih oge karunyaeun, ngan kumaha atuh da sieun ku Raja.

Dina hiji mangsa, geus dua poe papatihna ngulincer bae ka unggal lembur, neangan budak nu lintuh. Weleh teu manggih. Jol ka lembur ieu ngan manggih nini-nini, ngan aki-aki bae, budak mah euweuh.

Atuh da geus meh beak ditungtut unggal poe. Atuh Raja geus ambek-ambekan bae ka Patih .... .

Isuk keneh tukang neangan budak teh geus rabul ka unggal lembur.

Juragan Patih damelna lunga-lengo bae, nempoan sugan aya keneh budak pasesaan. Ujug-ujug jol bae aya budak lalaki, nya lintuh, nya beresih, nya kasep deuih, kira-kira umur sapuluh taun. Myampeurkeun ka Juragan Patih, bari umat-imut, teu isineun ieu sieuneun. Kawas ka batur ulinna bae.

Ku Juragan Patih dipolototan, da nyaaheun ari ka nu beresih, ka nu berseka mah "His, geuwat Elu nyumput. Naha make los-los ka dieu ? Halik gera ka ditu !"

Tapi budaj teh nggaur balaham-belehem bari sura-seuri, lunggak-linggek. " Anak saha Elu teh ? Rek naon loslos kadieu ?"

"Kuring mah urang lembur itu" ceuk budak teh bari nunjuk ka lembur dina lamping gunung.

"Geuwat geura balik ka ditu. bisi dipake parab. Lumpat, tuh nyumput ka nu buni !"

" Ah alim. kuring hayang ulin ! Keur neangan naon mamang teh lunga-lengo?"

" Na aya budak bangor-bangor teuing. Hayang jadi eusi beuteung buta sia teh ?"

"Enya, hayang dihakan ku raja !"

" Aeh-aeh, na aya budak mahiwal-mahiwal teuing. Saha ngaran sia ?"

" Aji Saka !!!"

" Aji Saka ? Na sia teh geus teu boga indung bapa ? Hayang paeh sia teh ?"

"Embung paeh mah. Dihakan ku raja mah, hayang bae !"

" Kumaha ieu budak teh. Ari paeh embung, ari dihakan hayang. Atuh sia deuk disebakeun bae ka raja, nya, ku aing !!!"

Mangga naon buruhna ?

"Buruhna ? Kapan deuk dituang ku raja. Na make menta buruh ?"

"Lamun raja kabeureuyan nepi ka paeh, kuring moal diburuhan?"

Juragan Patih teh kageteun. "Na sanggup Elu maehan Dewata Cengkar ?" 

"Sanggup bae ari dititah mah. Ngan kuring menta buruh, hayang dibere tanah salegana totopong kuring".

"Heug, sakitu mah teu pirateuing ! Hayu anjeun mah urang ka karaton ari sanggup mah ".

Buru-buru Juragan patih ka karaton nyandak Aji Saka. Angkatna oge mani ngagidig, da hoyong geura sumping. Aji Saka ngiclik nuturkeun pandeuri. Ari geus sumping ka latar, saur Juragan Patih "Man Elu ti heula !" Ti kajauhan keneh Dewata Cengkar geus gugupay". Nyambung ka bagean dua ... antos sambunganana ...
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Aji Saka Bagian 1

Posting Komentar