Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan II

Dijual Buku Antik dan Langka




pangalengan tempo dulu
Pangalengan 27 Desember 1930


Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan
Kiduleun Kota Bandung aya hiji tempat nu rada kajojo oge, nya eta Pangalengan. Nu matak loba nu sok arulin ka dinya, ku sabab ngeunah hawana, katambah aya paranti pelesiran deuih, nya eta situ Cileunca.
Ceuk beja, sasakalana ngaran pangalengan teh kieu:
Di eta tempat, baheula aya guha panyumputan karaman (rampog/ begal). Rahayat sakabupaten Bandung pohara tagiwurna ku talajakna eta karaman teh, sarta pamarentah oge enggeus teter (eleh).

Kacaritakeun, aya nu wani toh pati,sanggup ngabasmi eta karaman, nya eta camat majalaya. Estu nyalira pisan anjeunna lebet kana guhana karaman teh, teu nyandak bedog buntung-buntung acan. 


Sanggeus sawatara waktu kurumuy anjeunna kaluar deui tina guha, bari nyangkeh gegedug karaman. Panganggona mani rawing tapak bedog reujeung pedang, tapi teu bared-bared acan salirana mah. Di luar geus nyampak Bupati jeung gegeden ti Bandung. 


Bawaning ku bingah, Camat Majalaya dikaleng ku Bupati, dipisalin, sarta dipaparin gelar Demang bari dilandi jenenganana jadi Raden Raksanagara.

Tah kitu cenah sasakala ngaran eta tempat teh. Nu matak disebut Pangalengan,nya eta tempat Camat Majalaya dikaleng ku Bupati Bandung.
 
Tina:Kandaga 1957.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan II

Posting Komentar