Dongeng Sunda Sasakala Situ Gede

Dijual Buku Antik dan Langka


situ gede




Sasakala Situ Gede 
Ceuk ujaring carita beh ditu pisan, aya hiji karajaan nu ngaheuyeuk dayeuh Sumedang. Harita raja nu nyepeng kalungguhan kaprabonan kagungan putra tilu. Saparantosna Sang Prabu pupus, tahta karajaan digentos ku nu janten putrana nya eta Prabu Adilaya, putra nu pangcikalna.

Dina hiji waktu sang Prabu Adilaya ngadeuheus ka ibuna, maksudna nyuhunkeun widi kanggo milarian elmu, sabab nu dipibanda ku sang Prabu mung sakadar elmu lahiriah. Ari elmu-elmu kabathinan teu acan kapimilik ku Prabu Adilaya. Tempat nu dituju pikeun nyiar elmu kabathinan nya eta di wewengkon Mataram, numutkeun ilham nu katampa ku sang Prabu, anjeunna kedah guguru ka Kyai Jawa Raga, Kyai luhung jaman harita.

Saparontosna diwidian sareng dibekelan nasehat sang Prabu Adilaya teras angkat disarengan ku garwana Bondang Hapa katut pangiringna duaan nya eta Sagolong jeung Saliwati. Sadikantun ku sang Prabu, nu janten raja di Sumedang digentos ku rai Adilaya nu bungsu.

Kaaaritakeun geus mang taun-taunPrabu Adilaya ngalap elmu kabathinan nepi ka tamatna. Hiji waktu anjeunna disaur ku kiai Jawa Raga, maksud nerangkeun yen elmu nu dipimilik ku sang Prabu geus cukup pikeun ngurus nagara katut rahayat Sumedang nu geus lawad pisan dikantunkeun.

Ayeuna tinggal prak ngalaksanakeun ana naon anu kungsi diajarkeun di Mataram. Pikeun ka tineung Kiai ka sang Prabu Adilaya nya anjeunna masrahkeun putrana nu katelah Cahya Karembong keur batur hirup, supaya didamel garwa kadua.

Sang Prabu ngaraos kacida bungahna, satutasna nganuhunkeun Prabu Adilaya pamitan ka Kyai Jawa Raga. Bral rombongan Prabu anu ayeuna katambahan ku Cahya Karembong, nu jumlahna 5'an mulang deui ka Sumedang. Dina perjalanan mulang ka lembur nu masih keneh oleng panganten sang Prabu teu acan wantun campur sareng istri. 

Hal eta nu sabab anjeunna kagungan patekadan yen lamun nu kapimilik can nepi kaluhur pisan, moalwaka campur sareng garwa nu sepuh. Bondang Happppa. Mung teu betus lantaran teu terang naon margina pangna Prabu Adilaya nepi ka kitu.

Ku ayanan katerangan ti garwana nu anom Cahya Karembong  yen salami papasangan teu acan tiasa keneh ngahiji campur sapertos biasa nu rumah tangga, Nya timbul dina emutanana, rasa teu sugema dina diri ieu istri nu dua, asa diapilainkeun.
Kualatan kitu istri Prabu Adilaya duanana aya niat pikeun nelasan sang Prabu, sabab sang Prabu teh resepeun ka istri-istrina.

Niat etah teh ahirna dilaksanankeun, waktu sang Prabu nuju kulem tibra teras ditubles ku pusaka Karajaan nu katelahna Dulung. Getih beureum nu ngabayabah tina salira sang Prabu maseuhan eta tempat ngabayabahna getih teh nya disebut Cibeureum. 

Sang Prabu Adilaya saparantos ngababatang lantaran ditelasan ku Tjahya jeung Karembong Hapa, ngajelepeng keneh di luhur taneuh henteu terus dikurebkeun, sabab istri-istrina ngarasa bingung kudu dimana ngurebkeunana supaya supaya ulah kapanggih ku sasaha. 

Saterusna eta layon digarotong kana tanggungan mimitina mah dibawa ka beulah kulon, tapi lantaran kaburu bijil panon poe, niat rek ngubur lebah dinya teh henteu jadi, tempat eta ayeuna katelah Cipajaran. Masih anggger ka belah kulon tapi rada mengkol saeutik di hiji tempat tanggunganana potong terus disambung deui, nya tempat eta pisan nu ayeuna disebut Sambong Hilir.

Kalawan teu ngarasakeun kacape layon teh terus ditatanggung mus-mus potong deui tuluy disambung deui. Kitu jeung kitu wae saterusna, nepi ka hiji waktu tanggunganana potong deui, ngan ayeuna mah tanggunganana potong teh disambung ku taneuh, Wewengkon eta kiwari disebut Mangkubumi. Kulantaran ngarasa masih keneh teu aman, layon Prabu Adilaya terus keneh dibawa ka Cibanjaran mapay-mapay sisi walungan. Nu ahirna nepi kasisi rawa nu ditengahna aya puloan (nusa). Nya ditempat didieu pisan pangemutna tempat nu pang amanna pikeun ngurebkeun layon carogena teh. Ayeunna tempat ngurebkeun ieu layon teh katelah Situ gede.

Kacaritakeun nu jadi pangiringna. Sagolong jeung Siliwati, manehna boga sangka yen Prabi Adilaya keur ngalakonan puasa jeung tirakat nepi katingalina lungse pisan aya dina tanggungan. Tapi ahirna eta pangiring teh nyahoeun yen Prabu Adilaya geus pupus tingggal layon ku lakuna istri nu kadua. Keur nyumputkeun kalakuan goreng supaya ulah kanyahoan ku sasaha, harita oge pangiring satia Prabu Adilaya dipaehan deui wae. Nya di pulo eta pisan tilu layon. Raja jeung pangiring-pangiringna dikubur di saliangkeun pisan.

Sarengsena ngubur mayit ahya Karembong papisah jeung Bondang Hapa. masing-masing ngabarogaan tujuan sewang-sewangan. Ari Bondang Hapa nuluykeun ka gunung Goong. Tetep tumetep di eta tempat nepi ka maotna, Ari Cahya Karembong nuluykeun lalampahanana ka Bantar, oge bumen-bumen di tempat eta pisan, Dewi Cahya Karembong dimakamkeunana oge di Astana Gede.

Kocapkeun di karajaan Sumedang ibuna Prabu Adilaya ngaraos tugenah manah ku kalamian teung nu janten putra ngantunkeun lemah cai ngalap elmu pangaweruh ka Mataram. Kamelang ieu teh dicarioskeun ka putrana nu bungsu supados nyusul Prabu Adilaya parantos mulang ka Sumedang malah bari disarengan ku putrana Dewi Cahya Karembong nu geus jadi garwa Prabu Adilaya.

Satampina katerangan ti Kyai Jawa Raga, utusan ibuna mulang deui ka Sumedang bari ditekadan baris nyukcruk laku mapay raratan anu jadi raka. Ti sabrangna indit nepi ka wewengkon Cikunir, anjeunna katarik ku saembara nu diayakeun di eta Nagara, yen sing saha nu bisa newak singa bakal jadi mantu raja. Ceuk ujaring carita sang putra bungsu ngiring saembara sarta hasil newak singa teh, malah singana nepi ka teu bisa walakaya. Nya tiharita eta tempat disebut Singaparna.


Caturkeun deui ibuna nu dikantunkeun ku putra-putrana bari teu aya wartosna, boh nu nyusul boh nu disusul. Nya anjeuna nyalira nepangan ka Kiai Jawa Raga di Mataram. Sarta kenging katerangan yen putrana duanana oge parantos marulang deui ka Sumedang, sang Kyai ngaraos hawatos ningali ibuna Prabu Adilaya mulih nyalira, nya saterusna kiai oge nigirng nyarengan milarian nu janten putra. Tapi hanjakal pisan karek ge tepi ka palebah kampung Dukuh, Kiai Jawa Raga pupus sarta dimakamkeun di Gandoang. Ibuna sang Prabu Adilaya kapaksa angkat nyalira milarian putra-putrana, kabeh sakur nu kasorang ku putra-putrana geus kaliwatan ngan henteu ari ka Singaparna mah. Ahirna anjeuna dugi ka palebah Situ Gede di palebah dinya anjeunna mujasmedi nyuhunkeun pituduh ti Gusti Nu Maha Suci sangkan dipasihan terang dimana ayana Prabu Adilaya.

Dina sajeroning mujasmedi anjeunna nampi ilham yen Prabu Adilaya putrana, parantos perlaya dipergasa ku nu janten istrina nya kitu deui pangiringna, sagolong jeung Siliwati. Ari ngareret kasagigireunana nyampak kuburan nu masih keneh beureum taneuhna. Teg wae sangkaan yen eta kuburan teh kuburan Adilaya.

Barang turun ti pulo anjeunna tepang jeung dua jalma nu asalna ti Mangkubumi jeung Linggarjaya. Nya ka jalma eta pisan anjeunna masihan wasiat sangkan ngajaga makam Prabu Adilaya Raja Sumedang. Ti harita eta jalma diangkat jadi kuncen makam Prabu Adilaya, saterusna anjeunna kungsi melak lauk nu diaranan si Kohkol, Layung, Gendrang, jeung Gandrang. Sabaraha waktu ti harita anjeunna nuluykeun lalampahanana mulang ka Sumedang, lebah manus kungsi ngarandeg heula sakedap saterusna mah angkat deui salamet dugi ka wewengkon karajaanana Sumedang. cag Tina Koran Kujang Jumaah 3 Oktober 1975.


Dongeng Sunda Baheula Si Dirun

 dongeng sunda si dirun
Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kacaritakeun budak nu bangor pisan. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu, kamalinaan. Baca selengkapnya >


Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda


 peristiwa bandung lautan api bahasa sunda
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946.Mémang saméméhna ogé kaayaan Kota Bandung geus harénghéng. Dumasar kana kasaluyuan Pamarentah Indonesia jeung tentara Inggris nu sapongkol jeung tentara NICA. Baca selengkapnya > 


Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat

 biografi bahasa sunda oto iskandar dinata
Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Situ Gede

Posting Komentar