Sajak Sunda Kota Bandung

Dijual Buku Antik dan Langka

Bandung taun 1932


Bandung Tineung 
Bandung heurin ku tangtung
Pangjugjugan nu ti kampung
Bandung dayeuh katineung
Pangjugjugan urang deungeun

Kota resik narik ati
Berseka pada miara
Di Bandung kaduyung-duyung
Hade basa tur someah
Gelenyah narima semah

Dayeuh Bandung kungsi patepung
Dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan
anu dewek ieu tong diheureuyan
Dengkleung dengdek kembang tanjung maruragan 
Anu dewek ieuh tong dikiceupan ... 
Atik Supandai BA.



bandung baheula
Jalan Cisangkuy Bandung Baheula

Pileuleuyan Dayeuh Bandung
Pileuleuyan dayeuh Bandung
Nu dikantun ulah ngunngun
sapu nyere pegat simpay
Paturay ngan saliwatan
Cunduk waktu rek papisah
Siliwangi kudu pisah
Nyubadanan pancen mulya
Asal nagri tong dijajah

Pileuleuyan dayeuh Bandung
Nu dikantun ulah ngunngun
Sapu nyere pegat simpay
Paturay ngan saliwatan

Cunduk waktu rek papisah
Siliwangi kudu hijrah 
Nyangga pancen sukalilah
Asal nagri tong dijajah.
Sekarwati



Di Tegallega
Mun ti peuting beungeutna pias
bilik bobo anyar dipulas
Mun ti beurang rupana pias
lantaran teu boga beas

Maranehna nararangtung
ngawurkeun imut sisi jalan
mapag peuting ngadu untung
langit angkeub teu dipirosea
da asih lain baturna

Di mana hak hirup kuring
naha ngan ukur na sela-sela peuting /
Atawa kudu sirna ti alam dunya
peso raut nanceb na dada ?

Upama kuring leumpang ti peuting
mere hiburan nampa bayaran
lain lantaran teu hayang
wiridan di imah muji sukur ka Pangeran
Tiis ibun jukut tegalan
kasur nu taya hargaan
nganteur kahayang lalaki berehan
sab aya harepan
poe poe dianjangan
kiwari bakal nambahan ... 
kenging M Sas Karana
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Kota Bandung

Posting Komentar