Bobodoran Orang Sunda Bau Jengkol

Dijual Buku Antik dan Langka



Bobodoran Orang Sunda

Bau Jengkol
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Liverpool (Inggris) kalayan haratis tur dibéré bekel sacukupna. Nepi ka Liverpool, dihiji terminal Karsih gura- giru asup kahiji WC umum, sigana geus teu tahan hayang sacer-cereun kiih. 


Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero WC, pas kaluar kasampak dihareupeun WC geus ngantri anu rek asup. Panghareupna saurang nini-nini anu paromana semu pias lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura - giru si nini asup, tapi anéh teu kungsi lila sinini balik deui bari noél ka Karsih pok nanya.

"Nyi ... nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
"Muhun!" témbal Karsih heraneun, bari dijero haténa mah ngarasa reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul gé tetep wé arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih, bari uman-imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yén abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"


Si Nini nembalan : "Lain euy, éta wéh katara tina urut WCna .... bau jengkol !"



JAJAMU

Indungna : "Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema téh ???"

Anakna : "Aeh muhun, tadi téh abdi lepat masihkeun, kedahna kanggo bapak, éta téh jamu kuat lalaki "

Indungna : " Beu, paingan atuh, karasana asa hayang macul waé"
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bobodoran Orang Sunda Bau Jengkol

Posting Komentar