Bobodoran Sunda Pulisi jeung Santri

Dijual Buku Antik dan Langka

Bobodoran sunda Pulisi jeung Santri



Pulisi jeung Santri 
Dina riungan di bumina mama ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. 

Ceuk ajengan: " Mun hayang meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat Alloh mah aya dina raraka'atan solat. Sok geura urang tataan : Isa 4 ... Subuh 2 ... Lohor 4 ... Asar 4 ... Magrib 3 ....  

Geuning babari nginget-ngingetna, ceuk éta santri gegerendengan sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat : 


" Kahatur Gusti Alloh di 42443 .......
Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah.

Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka Salira. Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh karerepet. 

Eta, patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal- énggal méréskeun bayaran sakola. 

Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu. Hatur nuhun sareng diantos waleranana. 
Baktosna, Santri nu teu weléh babakti ........."

Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos. Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh murag ka jalan. 

Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan datang kana motor. Satadina mah ngudag anu ngalanggar lalulintas. Reg lebah kotak pos eureun bari culang-cileung.

"Bieu mah siga mubus ka kantor pos si kasebelan teh ," cek nu saurang.

"Lain, ngabiur ka ditu!" walon baturna.

"Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul."

"Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu ". Ceuk eta dua pulusi padu omong.

" Ké ... ké ... ari éta naon euy ?" cék nu hiji bari nunjuk kana surat.

"Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik urang asupkeun deui..." cék baturna.

Kop kana surat, méméh diasupkeun téh dibaca heula. 
Nyéh seuri sorangan. 

"Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti Alloh. Cik urang buka..." bari gereyem dibaca. 

Baturna milu maca. "Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh..." 

"Béré naon?" "Asupan duit ... pira saratus rébu." 

"Teu boga... ngan boga 75 rébu...." 

"Bae, saayana wé biken ... jajapkeun ka imahna bari balik ... karunya euy sigana manéhna keur butuheun pisan" 

Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri. 

"Jang, ieu aya surat ti Gusti Alloh" Ceuk pulisi. 

" Hatur nuhun pa .. " ceuk santri 

"Alhamdulillah, nuhun tos diwaleran. Ceuk Santri dina jero haténa, bari bus ka imahna.

Gancang si surat téh dibuka. Terus kerung bari mikir. Teu ngaengkékeun deui, gutrut wé manéhna nulis deui surat : 

"Gusti ... hatur nuhun kintunanana parantos katampi ... 
Mung aya pamundut ti abdi ... ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi ... Geuning dipotong 25 rébu ..... "


Lagu Bangun Tidur versi Batak 


Bangun tidur Sitorus Mandi
Simanjuntak menggososk gigi
Silalahi membantu ibu
membersihkan Napitupulu

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bobodoran Sunda Pulisi jeung Santri

Posting Komentar