Lagu Sunda yang Menginspirasi The Rolling Stones

Dijual Buku Antik dan Langka


bobodoran sunda



Wilujeng wayah kieu Dulur .. Kumaha dararamang ?

Lur ... apal keneh ka kelompok musik British Invasion - The Rolling Stones ? 
The Rolling Stones (band kabeuki uing) di adegkeun taun 1962 di kota London Inggris. Mimiti sohor ka Amerika antara taun 1964 - 1965. Sohorna ka nagara urang, khususna ka kota Bandung, kurang - leuwih taun 70'an. Teuing taun 71, teuing taun 72, pokona mah taun 70'an we lah ngarah tereh (teu kuat hayang ngising).

Loba Pengamat musik luar negeri anu nyarita, yen musik maranehanana loba ka pangaruhan ku Chuck Berry jeung Muddy Waters, dua musisi kahot asal negeri Paman Sam, Amerika. 
Ari lirik lagu - laguna cenah mah loba ka pangaruhan ku kawih - kawih Sunda jeung bahasa Sunda. Naha bener eta teh ? 

Dina album Sticky Finger anu di-release tanggal 23 bulan Rayagung taun 1971, di antarana aya lagu-lagu anu judulna, Dead FlowersWild Horses jeung Moonlight Mile. Lamun diregepkeun, singhoreng lagu Dead Flowers teh, ka inspirasi ku lagu "Kembang Tanjung Panineungan". Karangan seniman Sunda mang Koko. Lagu Moonlight Mile kapangaruhan ku lagu Caang Bulan (Agus Jabrig). Ari lagu Wild Horses mah ka pangaruhanana teh ku lagu Kuda Renggong (laguna Kustian) penyanyi cilik Sunda tea.

Di na album The Rolling Stones - Emotional Resque, aya lagu anu judul, Indian Girl. Sigana judul aslina mah lain Indian Girl. Tapi, Indihiang Girl (Mojang Indihiang - Tasikmalaya). Sabab, di na lagu eta aya lirik anu unina kieu : 

" Little indian girl where is your papa ... ? " 
Little indian girl where is mama .... ? "  

Penggalan lirik anu di luhur teh sidik pisan nyaritakeun, hiji mojang Indihiang, anu kokotetengan neangan indung-bapana, papisah basa gunung Galunggung bitu tanggal 5 Mei 1982.  

Lagu Stray Cat Blues kapangaruhan ku lagu Ucing Gering (Barakatak Group). Ari judul lagu Brown Sugar (Gula Aren) mah ka inspirasina ku tukang nyadap lahang. Basa The Rolling nyaba ka Baduy - Banten. Puluhan taun ka tukang. Cag. Kenging : hese beleke - Bandung tgl 2 poe sabtu - februari - 2016
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Lagu Sunda yang Menginspirasi The Rolling Stones

Posting Komentar