Carita Wayang Bahasa Sunda Ngadegna Amarta

Dijual Buku Antik dan Langka


carita wayang golek ngadegna amarta

Kocap kacarita di Nagara Astina, Prabu Déstarata, Prabu Anom Suyudana, Patih Sangkuni, sareng Pandita Dorna, nuju gunem catur nyarioskeun perkara Pandawa Lima. Teu eureun-eureun dikakalakeun, tapi teu weléh salamet. Kasieun maranéhna, kumaha upama Pandawa marénta nagara. Laju baradami, sugan aya tarékah anyar, pikeun nyilakakeun paraputra Pandu. Sukur-sukur bisa nepi ka hanteuna.

"Ulah putus pangharepan. Urang coba lejokeun deui. Pasipatan Pandawa, lian ti babari ngahampura, gampang percaya ka batur. Dibéré budi komo. Babari pisan nurutna," ceuk Sangkuni.

"Naon deui nu rék dipaké alesan?" cék Suyudana, sari teu percaya. Ngingetkeun usaha Kurawa nyilakakeun Pandawa, teu weléh gagal.

Dasar Sangkuni cadu kapétolan akal. Harita kénéh pok ngajukeun usul. Ceukna téh, Nagara Astina urang pasrahkeun. Sabab enya, anu ngabogaan hak téh maranéhna. Kitu-kitu Pandawa masing karunya ka Kurawa, ka marana urang Kurawa indit, upama Nagri Astina dibikeun.

Sakalina Pandawa satuju, buru-buru sina ngababad Alas Mertani (Alas Amer), pitempateun dulur-dulurna, nya éta anak-anak Destarata jéung Déwi Gandari. Sangkuni kacida yakinna, Pandawa bakal nyanggupan. Lantaran iraha Pandawa nolak upama dipéntaan nulung. Komo ieu sipatna ku dulur. Anak uwa, kapilanceuk perenahna.

"Alas Mertani téa, lain leuweung nu ilahar," ceuk Sangkuni. "Ulah diranjah didatangan, dalah manuk hiber luhureunana, loba nu ragrag ka lemah," pokna deui.

Pinasibeun Pandawa ogé kana kitu, masih kénéh ceuk Sangkuni. Sakali ieu mah digoongan ku Pandita Dorna. Putus babadamian, saréréa mupakat. Naha atuh, karék réngsé babadamian, kurunyung Arya Brataséna datang. Maksudna tandes ménta Nagara Astina. Upama teu dipasrahkeun, pilihan hiji-hijina perang campuh.

Lauk asup kana bubu. Pandita Dorna langsung nyatujuan. Tapi, teu poho malikan deui usul Sangkuni. Kalayan budi dimanis-manis, ucap-kecapna dirautan, ménta tulung ka Pandawa, sangkan pangbabadkeun Alas Amer. Majarkeun téh, itung-itung ngajeujeuhkeun dulur.

Dasar Arya Brataséna, tara boga pikir rangkepan. Anggapanana kabéh jelema, haténa lempeng saperti dirina. Harita kénéh langsung disanggupan. Saterusna mulih deui Saptarengga, pangungsian Pandawa.

Sasumpingna sakur kajadian di Astina didugikeun, ka ibu sareng sadérék-sadérékna. Ngadangu kasauran putrana, Déwi Kunti teu kiat nahan citangis. Anak aing … abong satria beresih ati, teu apal dilejokeun urang Kurawa. Resi Dorna deui, kawas lain harkat pandita. Puguh deui Sangkuni, kawantu ulon-ulonna.

"Ari hidep, naha teu apal, angker karamatna Alas Amer?" misaur alon, tujul ka Arya Séna. “Bisi anak ibu teu terang, nya di dinya karumpulna mahluk bangsa siluman, jurig, ipri, katut barakasakan.”

"Tapi aing geus nyanggupan. Pantrang mun kudu ngalétak ciduh,” waler Bima, sugan katingal hariwang. “Pokona aing ménta idin ti Si Babu Kunti jeung dulur-dulur sakabéh," gejlig ngantunkeun Saptarengga. Ka mana nu rék dituju, taya iwal Alas Mertani.

Satepina langsung ngabaladah, ngamimitian babad alas. Dasar jelema rosa tanaga, sakedét sisi Alas Amer rata dibukbak.

Kacarios aya hiji déwa, ngaran Bandung Bandawasa, gawéna nyeungceurikan hiji batu. Éta batu asalna widadari Déwi Windardi. Pangna robah wujud jadi batu, keuna ku supata Hyang Otipati, sabab mibogoh Déwa Bandung Bandawasa. Éta batu, upama ti kajauhan, wujudna sering mandé widadari. Malah sakali-kalieun, sok ngajak imut sagala. Tapi, lamun dideukeutan, balik deui peresis batu.

Nénjo kalakuan Déwa Bandung Bandawasa, ku Arya Séna diseungseurikeun. Aya jelema burung, majarkeun téh, der batu diciuman jeung diceungceurikan. Puguh waé Déwa Bandung Bandawasa ngambek. Arya Séna ditarajang. Der perang tutunggalan. Déwa Bandung Bandawasa éléh. Jirimna ngaleungit, nyukma kana kurungan Bima.

Ti harita tanaga Arya Séna, manjing ratus-ratus gajah. Ari Déwi Windardi nu jadi batu téa, engkéna bakal nyukma ka Déwi Arimbi, garwa Séna nu katilu.

Bima terus ngababad alas. Tapi, keur jongjon ngadungkaran cadas-pasir, karasa awakna aya nu nareunggeulan. Dasar Bayusuta (anak Batara Bayu) buru-buru matek aji Bayubajra. Awakna digribrigkeun. Parasiluman nu ngerepukna, barirat teu kuat nahan angin sakitu panasna.

Kocap Raja Alas Mertani, Prabu Yudhistira sareng sadérék-sadérékna; Dandungwacana, calikna di Kasatrian Jodipati; Arya Dananjaya, calikna di Kasatrian Madukara; Radén Wisadarma, calikna di Kasatrian Sawojajar; jeung Radén Wisakarma, calikna di Kasatrian Bumirétawu. Ari patihna aya dua, ngaran Patih Sapujagat jeung Patih Sapulebu. Kabéh bangsa raksasa.

Prabu Yudhistira kagungan putra, ngaran Déwi Lastri. Waktu harita keur guneman, nyarioskeun impénan. Ngimpén nagara kahuruan, sahingga pangeusina béak korédas. Barang seuneu pareum, aya payung emas kacida gedé jeung alusna. Kabéh pangeusi nagara, bisa ngariuhan dina éta payung. Sedengkeun nagara sésa, jadi leuwih alus ti batan asalna.

Sabot kitu aya ponggawa lapor, majar aya hayam turundul amuk-amukan. Akibatna babancong jeung gapura alancur. Prabu Yudhistira ngutus Patih Sapujagat jeung Patih Sapulebu, supaya nangkep hayam turundul. Singhoréng nu dimaksud hayam turundul ku Ki Ponggawa téh Bima.

Sakali ieu mah Bima beunang katangkep. Manéhna teu bisa nanaon, lantaran jirim musuhna teu katémbong. Sajabana ti éta, kasakténna leuwih punjul batan nu enggeus-enggeus. Untung inget kana jangji Déwa Bandung Bandawasa. Harita kénéh laju disambat. Patih Sapujagat sabalad-balad, racleng taya nu kuat.

Prabu Yudhistira ganti ngutus Dandungwacana, supaya ngagunakeun calongcong waja. Ceuk sakaol, asalna bungkus orok Bima anu sabeulah. Waktu lahir awak Bima lir dibungkus. Nu sabeulah ragrag ka Alas Keling, jadi Wasi Jayadrata. Sabeulah deui ragrag di Alas Amer, nya jadi calongcong waja.

Barang dirungkup ku calongcong, awak Bima lir kapupul bayu. Henteu bisa usik malik. Ku parasiluman diteundeun tukangeun karaton.

Melang kana nasib Bisma, éyangna, Bagawan Abiyasa, miwarang nyusulan ka Arjuna. Kairing pawongan bring arindit. Di satengahing perjalanan, sarangka kerisna kaasupan Pancaroba. Éta keris keur diomé ku nu bogana di sawarga. Déwa Janaka nu boga éta keris, datang ka Arjuna, niat ménta deui kerisna. Dipapatahan ku Semar, Arjuna keukeuh teu mikeun. Der perang. Déwa Janaka nyukma kana awak Ki Permadi. Ti harita Arjuna boga landian Ki Janaka.

Arjuna neraskeun deui lalampahanana. Pendak jeung hiji déwa, nu keur napaan panganggo Giringsing Wayang. Jenenganana Déwa Suryalaga. Da éta cenah, unggal dipaké matak arateul kana awak. Teras ku Arjuna diajaran. Éstuning teu sakara-kara.

Suryalaga nyuhunkeun éta panganggo. Sakali deui dipapatahan ku Semar, ku Arjuna teu dipasihkeun. Der perang. Giliran Déwa Suryalaga nyukma kana waruga Arjuna. Ti harita Arjuna kagungan jenengan Radén Suryalaga.

Angkat deui. Sakali ieu mah, mendak jalmi keur napaan kuda. Ngaran kudana Ki Dalang Sipenganteban. Ari nu napaanana, nya éta Déwa Soparta (Suparta). Éta kuda kacida alusna, bisa ngambah jomantara, sarta napak kancang di lautan. Lian ti éta bisa abus ka jero laut jeung ka jero seuneu. Tapi, saban ditumpakan ku Déwa Soparta, teu weléh jejeté jeung ngamuk.

Hég ku Arjuna diajaran. Tétéla hideng jeung anut naker. Ku Déwa Soparta dipénta. Tapi, cara nu enggeus-enggeus, nurut kana pituduh Semar, ku Arjuna teu dibikeun. Kajadian perang. Ahirna Déwa Soparta nyukma ka Arjuna. Anjeunna masihan terang. Arjuna teu kudu nyieun istal. Kuda Ki Dalang Sipanganteban, cukup dikandangan dina panangan palih kiwa. Jeroeun kulit luareun daging. Sakabéh déwa nu nyukma ka Arjuna, di mana perelu, bisa dipénta tanagana, ku cara disambat.

Patapaan Pringcendani. Bagawan Wilwuk dideuheusan putrana Déwi Jimambang. Déwi Jimambang nangis ka ramana, palay ditikah ku satria, jenengan Radén Permadi Arjuna. Ku margi kacida mikanyahna, Bagawan Wilwuk ngawatek matek Mantra Wikrama, supaya Arjuna datang sorangan. Wacisna éta ajian, Arjuna katut pawongan sumping, ka Pertapaan Pringcendani. Nya teras ku Bagawan Wilwuk dipiwarang nikah ka putrana. Namung, Arjuna teu keresaeun.

Kajadian perang. Arjuna kawon. Barang Déwi Jimambang katingali ku Arjuna, rey rasa bogoh. Kawantu Déwi Jimambang téh kacida geulisna. Tos kitu mah lajeng duanana narikah.

Di Pertapaan Pringcendani, Arjuna teu lami. Hiji dinten anjeunna permios, seja milari Arya Séna ka Alas Amer. Saur Bagawan Wilwuk, upama asup ka dinya, kudu diulasan heula ku minyak Jayéngkatong. Sabab éta alas téh, saenyana lain leuweung. Tapi, hiji nagara gedé. Nagara siluman. Nagara Mertani. Minyak Jayéngkatong dipasihkeun ka Arjuna.

Barang diulasan minyak Jayéngkatong, Arjuna sidik, enya baé éta leuweung téh nagara. Rerencepan Arjuna lebet ka karaton. Duka ku naon bet maké sasab sagala. Bus ka kaputrén Déwi Lastri (Déwi Mintarsa), putra Prabu Yudhistira. Kaleresan Nyi Putri nuju aya. Ningali Arjuna nu sakitu kasépna, manéhna jol bogoh. Malah tuluy ménta dikawin.

Arjuna nyanggupan, asal dibantuan néangan Arya Séna. Déwi Lastri gasik ngajak Arjuna angkat ka calongcong. Énya baé kasampak Arya Séna nuju nangis, sumambat ka ibuna. Ngan barang terang aya Arjuna, jadi émut kana ajian Bayurota jeung Bandung Bandawasa. Lajeng diwatek. Sakilat calongcong ancur.

Diulasan minyak Jayéngkatong, Bima bisa nénjo kaayaan Karaton Mertani. Bréh katémbong sakur pangeusina. Der perang jeung Dandungwecana. Ahirna Dandungwecana nyukma ka Arya Séna. Malah masihan Payung Tunggulnaga, sarta nitipkeun Karaton Jodipati. Arjuna perang jeung Dananjaya. Ahirna Dananjaya nyukma ka Arjuna, sarta nitipkeun Karaton Madukara.

Kaleresan jol Nakula. Teras perang sareng Radén Wisadarma. Musuhna nyukma, sarta masrahkeun Kasatriaan Sawojajar. Giliran Sadéwa ngayonan Wisakarma. Ieu gé sami ahirnya nyukma ka Sadéwa, sakantenan masihan Kasatriaan Bumirétawu.

Mung Puntadéwa, Cikal Putra Pandawa nu teu ngiring perang. Kawantu tara biasa. Saur Prabu Yudhistira, upama bisa maké susumping Prabangayun, Yudhistira bakal taluk jeung anut. Sakalian masrahkeun Karajaan Amer. Susumping dianggo. Teu sakara-kara meujeuhna.

Lian ti masrahkeun nagarana, Prabu Yudhitira nitipkeun putrana Déwi Lastri. Nuhun-nuhun upama tiasa ditikah ku Arjuna. Paraputra Pandawa satuju. Ti harita Puntadéwa ngadeg raja. Nagarana dilandi Nagri Amarta. Jenenganana robih jadi Prabu Yudhistira. Tangtu baé Nagri Amarta henteu dipasrahkeun ka Astina. Diluluguan ku Batara Krésna, deg nyieun karaton di puseur nagara. Ngalap ngaran karaton kembaran kagungan Batara Indra, katelah Dayeuh Indraprahasta (Indraprasta).
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carita Wayang Bahasa Sunda Ngadegna Amarta

Posting Komentar