Dongeng Sunda Si Dirun

Dijual Buku Antik dan Langka

Dongeng Sunda Si Dirun
Hiji poe, basa Si Dirun keur ngangon munding kalahka kasaréan di saung ranggon.
manehna ngimpi nganjang ka hiji nagara nu pangeusina resepeun kana sora suling.


Dongeng Si Dirun 

Basa keur indungna jumeneng kénéh, Si Dirun kabéjakeun budak nu kacida bangorna. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bébéja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipaké jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipaké ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran guntreng wae jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu, kamalinaan. 

Nya kitu deui, basa hiji mangsa Si Dirun ngadon susumpit ka tegalan, nepi ka poho balik awahing resep téh. Geus burit can jebul kénéh. Indungna geus cilingcingcat. Si Dirun ditéangan, mangkaning di dapur keur mirun seuneu. Imah Si Dirun kahuruan, Ambu Dirun reuwas kacida. Bet tuluy ras kana céngcéngléngan; maksakeun dicokot najan seuneu keur nguntab-nguntab. Tungtungna mah Ambu Dirun maot. 

Sanggeus indungna maot, Si Dirun terus cicing di uwana nu kasohor ku meditna . Si Dirun ukur dititah digawé, dahar jeung pakéna mah diantep baé. Ari pagawéanana téh ngangon munding, da uwana loba munding. 

Hiji poe, basa Si Dirun keur ngangon, kalahka kasaréan di saung ranggon. Maké jeung ngimpi sagala rupa, nganjang ka hiji nagara nu pangeusina resepeun kana sora suling. Si Dirun terus nyuling di sisi jalan, diriung, nepi ka dibawa ka karaton. Putri nu keur gering ngadadak cageur basa Si Dirun niup suling di karaton. Atuh raja bungah kacida, minangka buruhna, Si Dirun baris dikawinkeun ka putri. Basa keur pésta, beledag téh sora mariem. 

Si Dirun nyaring. Horéng keur hujan gedé. Citarum caah. Rarat-rérét néangan munding. Jrut kana cai, nyieun rakit, maksud mah rék nulungan munding. Tapi cai kacida tarikna. Si Dirun kabawa palid, angkleung-angkleungan di walungan Citarum. Eling-éling deui geus aya di tengah laut. Saterusna mah Si Dirun aya nu nulungan, babalik pikir, henteu bangor deui. *** Kénging Samsudi


Baca Oge :

Carita Wayang Basa Sunda Ngadegna Amarta
Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Basa Sunda
Peristiwa Bandung Lautan Api Basa Sunda
Pesta Kariaan di Garut Pakidulan Jaman Baheula
Carpon Sunda Baheula Tukang Ngala Suluh


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Dirun

Posting Komentar