Cita Cita Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka





Cita-Cita Raden Dewi Sartika Naha geus Kahontal ?
Tepungan taun ka taun, nyérélék henteu karasa. Unggal taun pancegna. Tanggal 4 Désémber, kaum wanita miéling poé karamat, poé dilahirkeunana pahlawan Nasional wanoja Sunda Radén Déwi Sartika.

Tandes dina perjuangan, Sartika téh mikahayang kaumna maju, bisa satata jeung lalaki. Awéwé té ualh dulang tinandé, sagala sumuhun dawuh kumaha pangersa carogé. Tapi Sartika henteu boga cita-cita hayang ngalawan pria, atawa hayang ngungkung kumalungkung, bisa ngaleuwihan lalaki. Nu dipiharep awéwé téh bisa satata, bisa gawé babarengan dina naratas kamajuan nagara jeung bangsana.

Mojang Bandung putra Patih Bandung Radén Somanagara, jeung Nyai Radén Ayu Rajapermas téh, turunan kénéh Bupati Karanganyar.

Kaayaan kahirupan basa Sartika burey kenéh, keur dina suasanan feodal kenéh pisan, kitu deui di jero kulawarga Sartika. Sartika mimiti meunang pendidikan di Sakola Belanda, tapi henteu tepi ka tamat, naha ?



Cita Cita Raden Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda
Sakola Kautamaan Istri Dewi Sartika di Jalan Ciguriang Bandung baheula 

Basa ramana jadi kénéh Patih, aya kajadian anu mitenah Radén Somanagara. Dina hiji karaméan di Tegallega kapanggih bom handapeun panggung balap kuda Tegallega Bandung. Heug luhureun téh hémpak caralik para pangagung Walanda, anu bakal bareng ngadu kuda. Cenah éta bom téh bakal dibitukeun keur raramean balap kuda engké.
Barang diusut, bet Radén Somanagara anu katempuhan téh. Panalungtikan diteruskeun, nepi ka ragrag kaputusan ramana Sartika dituding nu salah. Anjeunna dibuang ka Ternaté dugi ka pupusna.

Kulantaran kitu Sartika teu bisa neruskeun sakolana. Lantaran taya hiji gé sakola nu wanieun narima anak pemberontak, anu niat ngarebut kamerdekaan ti bangsa Walanda.

Sartika dirawat ku Uana di Cicalengka. Di dieu mimiti ngagedur sumanget bajuangna. Kahirupan sapopoé di Uana némbongkeun yén didikan ka budak awéwé mah leuwih diutamakeun sangkan bisa jadi hiasan imah jeung ngalaksanakeun tugas sapopoé. Sartika remen dipéntaan tulung maca jeung nulis surat ku alo-alona. Jol waé pikiran Sartika, kacida bahayana lamun kaayaan tetep-tumetep kieu. Awéwé téh ukur dulang tinandé, kumaha pangersa carogé.

Jeung enyana perjuangan Sartika kahontal kalawan aya jengléngna sakola beunangna. Sakola munggaran diadegkeun tanggal 16 Januari 1904 dingaranan Sakola Istri, ngan sakelas, anu jadi guruna Raden Dewi Sartika ku anjeun.   Dicutat tina: Majalah Sunda Mangle nomor 886 (2-8 Desember 1982)


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Cita Cita Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda

Posting Komentar