Sajak Sunda Karya Soni Farid Maulana

Dijual Buku Antik dan Langka






Sabada Gaang Ngabangingik

Saamparan layung ligar lir kembang sapatu
Cahayana nu ngempur mulas ombak jeung lambak
Katineung
Nu taya kendatna silih udag di basisir haté

Ari angin nu ngulisik wanci magrib
Sésélékét ngendag-ngendag tihang palika
Saharita parahu oléng
Lir sukma diayun-ayun lahang kasono

Jungjunan, najan urang pajauh
Na implengan kasawang pangkonan salira
Nyangkling malati asih
Nu cipruk ku ciibun kamelang

Langgam Peuting Simpé

Lir drakula, simpé taya kendatna
Nguyup getih kalimanan nu nyangkrung dina kalbu
Saharita rewuan kalong rabeng tina dada
Muru peuting nu mabra disiram cahaya bulan
Ngajak silanglang ngojayan éndahna
Umpalanan ombak birahi nu tingjelebur na pangkonan
Para wanoja di tempat-tempat hiburan

Ari diri karasa beuki raca kusarupaning
Jamparing racun kahirupan
Nu niruk sakujur awak. Duh naha ringkang téh
Rék linglung baé, beurang peuting
Pasalia lampah jeung igel ki dalang

"Jungjunan, gentra 

 Ngala pati

Pancuran asih nu disiramkeun
Ka manehna, bet dikiruhan leutik
Geugeuleuh kahirupan

Bedog ukur bedog nu harita
Kasawang. Satuluyna nu harita
Lebah beuheungna
Dina dada, langit karasa
Reuk yata hinggana 

Langgam Kagémbang Bulan

Tina soca anjeun nu cureuleuk
Aya bulan ngulisik, Cahayana teung ku éndah
Dipirig galindeng asih; galindeng anjeun
Nu taya kendatna
Ngayun ngambing mamaras rasa

Da puguh diri téh lain Yusuf
Sagelas sari madu kahirupan korédas
Di uyup tina pinareup anjeun
Horéng satincak jeung saparipolah
Bet langgeng nyukang bangbaluh

Hawar-hawar karungu aya nu nakol
Tihang listrik
Soarana seukeut lir nihis
Nyisik eusining dada, horéng
Hirup teu daya teu upaya


Lalangsé

Aya bulan ligar campaka
Basa anjeun cumarita kahirupan
Yén kulit jeung daging

Basa anjeun nyacapkeun rasa
Aya cimata maseuhkeun ada
Saharita dua jiwa
Lebur jadi puisi, nyambuang
Samadhabpapat

Sabot Anjing Babaung

Aya angin ngamalir peuting ieu
Sésélékét nyingraykeun méga nu mindingan
Cahaya bulan
Tapi pihujaneun hamo sirna-sirna tina dada
Sab girimis ngagalindeng mantén maratan kalbu


Dicutat tina kumpulan sajak "Kalakay Méga" - Kénging: Soni Farid Maulana - Geger Sunten 1997


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Karya Soni Farid Maulana

Posting Komentar