Dibuat | Ngala Pare Jaman Baheula

Dijual Buku Antik dan Langka



Ngala Pare Jaman Baheula
Baheula mah ngala pare tèh makè ètèm 


Baheula mah ngala parè tèh ku ètèm. Ranggeuyan parè dipunggelan hiji-hiji. Biasana awéwé anu dibuat téh, tapis pisan ngagunakeun ètèmna. Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen, anu matak dibuatna ogè kiwari mah makè arit. Baréto mah parè tèh tara diarit. Nu diarit mah bangsaning jujukutan, saperti jukut keur parab munding atawa domba.



Leuit paranti nyimpen parè nu geus digeugeusan


Parè beunang dibuat tèh barèto mah dieundankeun, dipoè ogè eundanan baè, dijèbrag. Engkèna tetep baè dibeungkeutan, disebutna dipangkèk, nya èta parè nu geus garing meunang moè tèa ditalian sapuna saeundan-saeundan. 




Ngageugeusan pare jaman beheula 

Ti dinya dua eundan dibeungkeut dihijikeun, jadi sageugeus. Tah, peta kitu téh ayeuna mah henteu kalampahan deui, da kapan paré beunang ngarit tèh tuluy digebot sina murag tina sapuna. Anu dipoè tèh bangsalna, ayeuna mah nyebutna ogè ku kecap basa Indonesia, gabah, cenah. Jadi, kagiatan mangkèk jeung ngageugeus ogè leungit. Kitu deui upacara ngakut parè, komo makè rèngkong sagala rupa mah, geus arang langka pisan, mun teu disebut geus euweuh ogè.



Nutu pare dina  lisung 

Nutu deuih anu geus leungit tèh, diganti ku ngahuler. Parabot nutu kayaning lisung, halu, nyiru, jubleg, geus ampir leungit. Lisung kaleungitan guna, henteu dipaké. Seni tutunggulan ogé leungit. Kuring mah keur budak masih ngadéngé dikieuna, di lembur osok aya tutunggulan, di tempat anu arék kariaan, upamana rék ngawinkeun, meureun itung-itung ngabéwarakeun. Ayeuna mah paling-paling di panggung, dina seni pintonan osok aya para mojang anu ngagondang. Lisung kari ruruntukna, dikumpulkeun tuluy dijual. Di sisi jalan ti Cianjur ka Bogor-keun, geuning, aya lisung dijagragkeun, jualeun meureun.



Ngala Pare Jaman Baheula
Parè nu geus digegeusan di Bogor jaman baheula 

Éta sakadar conto baè ayana robahan dina kahirupan sapopoè anu kaalaman ku kuring salila kurang leuwih satengah abad. Teu karasan dina prosèsna mah, nyaho-nyaho ayeuna wuluku, garu, ètèm, lisung, jeung sapapadana geus henteu dipaké deui.


Étèm paranti ngala parè

Ku barudak anu henteu ngalaman prosèsna mah meureun henteu dipikanyaho, da kapan anu nyampak ayeuna mah traktor jeung huler baè. Teu nyarahoeun yén baréto mah parabot tatanén tèh lain èta, kitu deui tata carana lain cara ayeuna.
Lain dina widang tatanèn wungkul kajadian barobah tèh, kum baè dina sagala rupa hal dina kahirupan. Masarakat jeung budaya urang tèh barobah.
 Bandung, 12 Juni 2001 Dicutat tina: Manglé No. 1816 Kenging Yus Rusyana


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dibuat | Ngala Pare Jaman Baheula

Posting Komentar