Sajak Sunda Lembur Kuring

Dijual Buku Antik dan Langka







Kari Waasna
Kari waasna
sora lisung tutunggulan
nu nutu di pilemburan

Ukur implengan

nu marandi di walungan
icikibung kokojayan

Jadi lamunan

tegalan anu di dieu
kiwari taya tapakna

Tempat ulin susumputan

bet dug - deg jadi suhunan
lahan beuki ngaleutikan
barudak kapaksa ulin di jalan



Nineung 

Hate kuring téh nineung
ka lembur nu jauh ti dieu
sawah jeung kebonna
tempat kuring ulin sapopoé


Pancuran awi caina ngagenclang
Lauk ting siriwik di balong
manuk - manuk areunteup na dahan
ngabagéakeun nu datang

Duh meni wararaas
lembur kuring nu jauh ti dieu

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Lembur Kuring

Posting Komentar