Carpon Sunda - Kabiasaan Nyangu Urang Lembur

Dijual Buku Antik dan Langka



Nyangu

Nyi Écin ngélék boboko béas ka sumur rék ngisikan. Sanggeus béas dibanjur ku cai, pék digesah.  Cai béas rembes bodas tina birit boboko. Ari geus dua tilu digésahna, tuluy dilémbangkeun, dipiceunan kokotorna.

Di dapur manéhna geus nagenkeun sééng beunang nyurugan, caina geus nyéngsréng, aseupan ogé geus nagen. Béas beunang ngisikan téh pék diseupankeun, tuluy dikekeb ku boboko. Teu lila ngebul tuluy dijait tina sééng ditamplokeun kana dulang, arék dikarih


Sanggeus dibanjur ku cai tina sééng, pék dikurah-koreh ku pangarih. Sanggeus gigihna beukah, kakara diseupankeun deui. Dina dulang darihna sok tinggaleun.


Seuneuna (dina hawu) diasur-asur ngarah téréh timus.


Gigih nu rék timus téh dibibis, ngarah alus sanguna. Dimana geus asak tuluy diakeul, ditetel dibulak-balik dina dulang, bari teu eureun-eureun digeber dihihidan, minangka miceun saabna. Lamun diakeulna teu dihihidan, sangu sok beyé, henteu pulen.


Urang pagunungan mah méh kabeh daharna sangu péra beunang nyeupan, lain beunang ngaliwet. Da liwet mah cenah sok béyéték henteu sekel, jeung réa kapiceunna, da sawaréh jadi intip. Tina : Manglé no. 879 - maret 1983.


Kamus Sunda :


Darih, cidarih, tajin : cai panggodogan béas
Dibibis : sangu nu keur diseupankeun diképrétan, supaya ulah heuras teuing.
Dikarih : gigih diaduk-aduk bari dicaian ku cai ngagolak, supaya beukah.
Dikekeb : dituruban buni, supaya hawa panas ti jero ulah kaluar loba.
Dilémbangkeun, ngalémbangkeun béas : ngeueumkeun boboko nu dieusi béas supaya kokotorna nu harampang ngarambang, tuluy bobokona didéngdékeun ngarah kokotorna téa kapalidkeun.
Diseupankeun : diasupkeun kana aseupan tuluy sina asak.
Intip : kerak bagian liwet panghandapna nu teuas semu konéng.
Nyéngsréng : kecap-anteurna kana sahéng (cai anu rék ngagolak).
Nyurugan sééng : ngeusian sééng ku cai tina gayung sina nyurulung.
Sangu péra : sangu biasa (lain sangu wuduk, sangu konéng, jst).
Timus : asak (sanguna).



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Sunda - Kabiasaan Nyangu Urang Lembur

Posting Komentar