Pesta Kariaan di Garut Jaman Baheula Bagean 3

Dijual Buku Antik dan Langka


Pesta Kariaan di Padesaan Pakidulan Garut Jaman Baheula

Malah sok aya sobat dalitna sahibul hajat, nu nyambungan ku 2-3 gotongan donglang (jampana badag), dieusi béas, lauk emas kintalan, kalapa ratusan sirah, cau asak puluhan turuy, ditambah ku kentang, bawang, cabé hejo, kol, wortel kintalan, tawis ngiring bingah jeung mulang tarima kana kahadéan sahibul hajat, nu geus katampa ku sobatna ti saméméhna.

Aya deui sobatna nu hajat téh, nyumbang ku rupa-rupa kasenian tradisional, pikeun ngaramékeun dina arak-arakan sababaraha rombongan, sahibul hajat mah asal sayogi marab jalmina wéh.

Ari kasenian alpukah nu boga hajat mah dina maleman piisukaneun ngeureut téh rék nanggap Wayang Uwong dalang Bapa Parta Suhanda ti Bandung.

Runtuyan poé-poé penting saméméh jeung sabada hajat aya opat bagian, nya éta: poéan tetebah, poéan bregna, poéan lekasan, jeung poéan/maleman wawarian.

Tetebah téh pidua poéeun deui ka prungna hajat. Lulugu Pamangku hajat, para juni katut para pagawé, ngayakeun pangroris, minangkana mah gladi bersih, mémérés tempat, ngahias rohangan tamu, ngahias balandongan, papajangan (tempat majangkeun budak sunatan nu geus dihias), soréna diayakeun acara ngagusaran jeung ngahuripan budak sunatan ku Bapa Paraji Sunat.

Poé éta, kabéh dulur nu jauh, kadang warga nu aranggang pada kumpul, riung mungpulung, terus wéh ngayakeun syukuran, meuncit domba jalu nu pangbadagna.

Para panitia, para pagawé, katut tatangga nu dareukeut, sina marilu balakecrakan mayoran, ngasaan gulé/saté domba dadakan, bari dibahanan berekat keur anak bojona di imah, kabéh tatangga nu diarondang téh.

Nu dimaksud ku sahibul hajat, diayakeun acara kitu téh, bisi dina poéan bregna hajat mah teu kaurus, sok aya basa: jauh jauh dalang ka dulur nu hajat téh, mani teu ngasaan saté-saténa wan. Atuh ceuk tatangga, kuring mah ti nu hajat téh, ngan kabagéan ceulina wé jeung panonna. Hartina ngan ukur nempo jeung ngadéngé wungkul bru-bro loba teuing téh.

Malah mun teu kitu, dina p0éan bregna hajat téh, sok loba pagawé atawa baraya, nu panasaran ngagaranggam, ngambeu saté jeung gulé teu tahan, sok wani beberengkes susulumputan, nyarumputkeun daging, asakna/atahna bawaeun balik, tapi mun kamarina tos weureu seubeuh, garariung babaueun mah, napsu kituna téh leungit.

Nyimpen idangan keur suguhkeuneun boh keur mulang sambung, katut nyimpen kaolahan, tempatna di para imah, nu lawang parana bangblas parat ka goah/dapur, pikeun ngagampangkeun pataréma hubungan jeung juru simpen séjénna.

Mun ditempatkeun di handap, sok loba kajadian idangan laleungitan, kaolahan bong-bong, ma'lum nu bala-wiri kolot budak téh, pagalo jeung pagawé, sok aya nu rajeun laweun daék ruwal-rawél bari ngaliwat.

Para imah téh, pisaminggueun deui gé geus dibersihan ongkoh latar para imahna téh ditutup ku papan saninten beunang nyuguan, suhunan jangkung, maké badak heuay 2-3 lawang, sabataé atuh di para téh ngebrak cararaang, angin ngahiliwir pikabetaheun.

Isukna mimiti ngagarap gawé peupeuncitan, meuncit sapi, domba jalu aya genepna, hayam aya puluhna, geus bérés, disérénkeun ka juru simpen daging. Tina: Majalah Sunda Manglé no.1718 - Ku: Ubun Supandi. Nyambung ka Bagean : 1 2 3 4 5 6
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Pesta Kariaan di Garut Jaman Baheula Bagean 3

Posting Komentar