Pupuh Sunda Gajah jeung Sireum

Dijual Buku Antik dan Langka


Pangkur 

1. Ringkes dong
éng nu didadar
dina leuweung aya sato gedé leuwih
awakna téh gedé luhur sihungna dua paranjang
nu ayana di sungut kenca katuhu
nu ngahapit tulaléna sato-sato pada gimir.

2. Ngaranna Sakadang Gajah
geus kawentar bedasna téh tanpa tanding
taya nu wani ngaganggu
mun napsu leuweung ruksak
kakaian moal burung rebah rubuh
kacatur sireum tataman
jeung sakumna sireum sedih.

3. Boga rasa abong kéna
ka gajah téh taya hiji anu wani
sakarep ngalanjur napsu
tuluy sireum téh kumpulan
nu maksudna ka gajah téh rék ngarurug
sanggeus musyawarah
sireum gede sireum leutik. 

4. Bring indit arey-areyan
pangheulana areyan sireum laleutik
ditéma ku sireum pulus
anu jadi gegedugna
enja éta kararanggé mani ngabrul
pangpandeurina tataman
anu boga peurah matih.

5. Geus datang hareupeun gajah
sireum-sireum teu tata pasini deui
sireum leutik sireum pulus
jol breg napuk suku gajah
terus deui dina ceuli dina sungut
sireum pulus jeung tataman
muru asup kana ceuli.

6. Mimiti mah teu dirasa
ku gajah téh diantep teu dipaduli
lil-lila gajah napsu
napsuna ka gila-gila
sugar-segor bari tulaléna ngacung
najan sireum loba korban
sumanget sireum teu sisip. 

7. Caritana polah gajah
lulumpatan bakat ku ngarasa nyeri
awakna ku sireum pinuh
sanajan digibrig-gibrig
tapi sireum wawanénna tetep teguh
gajah téh kalah wowotan
tuluy rubuh bari ceurik. 

8. Pamingpin sireum pok nanya
aéh gajah kumaha karep silaing
rók wani atawa taluk
pék ka dinyah geura jawab
pokna gajah ayeuna mah kuring taluk
ayeuna kuring rék sumpah
pék reungeukeun sumpah kuring.

9. Cadu mungkuk haram dempak
ti sasemet ieu moal wani-wani
ngahina sarta ngaganggu
ka sakum bangsa sireum mah
tah ayeuna sireum kuring ménta ampun
ceuk pamingpin ditarima
ka sumpah manéh sing tigin

10. Sireum téh ku pamingpinna
tuluy baé dikomando sina baris
nu tina ceuli jeung sungut
riab barijil ka luar
enggeus puguh nu di awak gadjah napuk
ka pamingpinna
taraat taya nu tinggal sahiji 

Sinom

1. Tah kitu sasakalana
malah népi ka kiwari
gajah teu daék binasa
ka sireum gedé jeung leutik
geura titénan sidik
gajah keur nyatuan jukut
osok diujab heula
jukutna dikupat-kapit
da sieuneun aya sireum nu kahakan.

2. Kitu anu kahijina
kaduana nu ditilik
geura lamun dititenan
mun barudak rék arulin
suten nu dipaké ciri
meunangna nu tangtu
ku ramo leungeun heula
saurang ngasongkeun cinggir
indung leungeun mun diasongkeun ku lawan.

3. Indung leungeun disebutna
gajah éta anu pasti
cinggir disebut sireumna
éta téh enggeus pinasti
jempol éléh ku cinggir
di mana-mana geus umum
gajah kasireum sumerah
éta téh kawasna misil
yén nu hirup éstu teu kapianggeuhan.
Tina: Majalah Sunda Manglé no.273. Juli 1971
Ku: Dadan Koeswara Jln. Moch. Ramdan 74. Bandung.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Pupuh Sunda Gajah jeung Sireum

Posting Komentar