Tatacara Panen Padi di Tanah Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

gambar tatacara panen padi di tanah sunda


Ari dibuat baheula mah sok maké adab-adab

Nyalin = méméh dibuat piisuk atawa pipagétoeun deui sok ngayakeun salametan heula (nyocot) nyadiakeun sasajén diteundeun dina sangga.
Sangga = wadah sasajén rupaning endog hayam, surutu, lemareun, rurujakan dieuyeuh-euyeuh ku dahareun kamonésan urang Sunda kayaning; kupat, leupeut, tangtang angin, opak, ranginang, gegeplak, ampeyang, cuhcur, apem, jsb.
Nyalin = maksudna mitembian dibuat; dimimitian ngala paré nu pangbeuneurna 7 atawa 9 ranggeuy tungtungna ditémpélan duit dibungkus ku lawon bodas, ieu paré nu 7/9 ranggeuy téh disebut indung. Nyieun indung téh biasana 5 atawa 7 beungkeut.
Dibuat = geus nyalin mah der baé dibuat, harita tas atawa isuk/pagétona.


Ngampih
Ngampih = nya éta ngakut paré ka lembur diasupkeun kana leuit téa.
Moé = moé paré biasana tara di lembur lumangsung di sawah baé.
Mangkék = paré beunang moé (garing) dibeungkeutan sabeungkeut-sabeungkeut disebut saeundan tuluy dibeungkeut dua eundan disebutna sageugeus.
Gugunungan = paré dibeungkeutan sageugeus-sageugeus ditumpuk.
Pare indung disimpen dina leuit dihijikeun jeung paré beunang milih maléan sababaraha geugeus pikeun binih. Kenging Ki Wasid. Tina: Koran Sunda Kujang.

Peperenian Itungan paré
Saeundan = ½ pocong
Sapocong = 2 eundan
Sagédéng/sageugeus
= 2 pocong dihijikeun
Sasangga
= 5 gédéng
Sabawon
= 4 pocong
Salajer
= 4 sangga (20 Gédéng)
Satanggung
= 50 geugeus
Samadea
= ½ Caéng – 20 sangga
Sacaéng
= 2 Madea – 40 sangga (200 gédéng).


Peperenian Ngaran Kandang Sasatoan
Kandang Anak Lauk = buleng
Kandang Hayam
 = paranjé
Kandang Japati
 = pagupon
Kandang Kuda
 = gedogan/istal
Kandang Lauk
 = karamba
Kandang Lauk Bandeng
 = émpang
Kandang Lélé
 = rumpon
Kandang Munding
 = karapyak
Kandang Manuk
 = kurung
Kandang Maung
 = karangkéng

Artikel Basa Sunda Sejenna :


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Tatacara Panen Padi di Tanah Sunda

Posting Komentar