Sajak Sunda Godi Suwarna - Padungdut Dungdut

Dijual Buku Antik dan Langka
PADUNGDUNG DANGDUT 

"Hidup ! Hidup! Hidup !" cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan
angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin téh tibuburanjat nyusul
manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong
angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok
nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rérénjagan tuluy
kabur sakur pangacianana. "Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!"
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadégdég angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoé ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu "Aing gé hidup!
Aing gé hidup! Aing gé hidup!" cek peureup nu karék cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang géhéng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngélekéték. Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16.

PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit  - Wahyu Wibisana, Ciawang, 28-7-56, tina Kanjutkundang

LALAKON I

Mangsa budak resep ulin
ngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung
umur !!! ... Hadi AKS, Tina Galura No.39

BONGAN KITU


Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin

bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit

bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling

bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah

bongan kitu itunganana: Gusti

(Juniarso Ridwan, 1992)


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Godi Suwarna - Padungdut Dungdut

Posting Komentar