Tempat dina Basa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

Tempat dina Basa Sunda


  1. Babakan : lembur anyar
  2. Babantar : lebah walungan anu léah sarta déét
  3. Basisir : Sisi laut anu loba keusikna
  4. Bobojong : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
  5. Bubulak : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
  6. Buruan : tempat anu lega di luar imah
  7. Dungus : runyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet.
  8. Gupitan : Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping
  9. Hunyur : Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik
  10. Huma : Sawah darat, kebon nu dipaké melak paré tur tara dikocoran cai
  11. Jalan huni : Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon
  12. Jalan jajahan : Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan
  13. Jalan satapak : Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema
  14. Jontor : Taneuh anu nyodor ka laut
  15. Jungkrang : Legok anu jero sarta gurawés 
  16. Kubangan : Tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding
  17. Kamalir : Jalan cai leutik
  18. Kobakan : Lobang di tegalan anu aya caian
  19. Kolombéran : tempat cai ngalir di buruan nupas handapeun tungtung suhunan
  20. Karéés : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan
  21. Kebon : Taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan
  22. Lamping : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan
  23. Landeuh : Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing
  24. Lebak : Tempat nu leuwih handap
  25. Legon : lebah basisir nu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
  26. Lembur : kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
  27. Léngkong : Tempat legok jeung jero di antara dua lamping
  28. Leuweung : reuma, rimba, ruyuk anu leuga
  29. Leuwi : tempat anu jero dina walungan
  30. Monggor/momonggor : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
  31. Muhara/muara : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
  32. Pasir : gunung leutik sarta handap
  33. Peunclut : sarupa jeung pasir tapi leuwih handap
  34. Reuma : tanah darat urut huma
  35. Ruyuk : kumpulan tatangkalan laleutik anu aya deukeuteun lembur
  36. Rorah : cai ngocor, sarupa jeung susukan, ayana di leuweung
  37. Sabang : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
  38. Sampalan : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
  39. Situ : sarupa jeng balong ngan leuwih gedé, leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajangélék jadi situ)
  40. Somang : jurang gurawés sarta jero
  41. Susukan : jalan cai ker nyaian sawah
  42. Talaga : liang cai anu gedé 
  43. Tanjung : jojontor, tanah nu nyodor ka laut
  44. Tarikolot : tempat urut lembur / kampung anu tos teu di tempatan 
  45. Tegalan : tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
  46. Teluk : basisir nu ngelok ka darat
  47. Tepis wiring : sesebutan séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
  48. Tetelar : tanah datar di tengah sawah nu henteu kahontal ku cai, sok dipaké ngangon
  49. Tonggoh : tempat anu leuwih luhur
  50. Tutugan gunung : gunung beulah handap (suku gunung)
  51. Wahangan : walungan, ngocor caina gedé ti girang ka muara

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Tempat dina Basa Sunda

Posting Komentar