Carpon Sunda Budak Yatim

Dijual Buku Antik dan Langka

carpon sunda budak yatim

Budak Yatim
"Ema ! Naha ari ka kuring jelema téh tara aya nu nyebut Ujang Warji ? Ti sainget, kolot budak nyarebutna téh beet Si Warji, " Omong Si Warji ka indungna.
"Ih atuh keun baé aya nu nyebut kitu-kitu baé mah, da moal matak bohak ieuh, Jawab indungna.
"Geuraheun, geuning batur mah sok ngambek ari sdisebut Si téh. Komo Asép Onon mah kéna-kéna budak lurah."
"Naha kumaha kitu ? Ceuk indungna.
"Kuring kamari kasalahan nyebut Si Onon. Ujug-ujug gampleng-gampleng baé nampilingan. Jol deui batur onon, Sibegu jeung Si utun anak Ambu Ijem tukang warung téa. Ujug-ujug peletak-peletak baé narékéan. geura ieu tapakna gé aya kénéh, barenjut kawas tapak diseureud éngang," omong Si Warji bari némbongkeun sirahna ka indungna.
"Naha Ema, ari ka kuring mana loba-loba teuing nu ngahina ? Lamun kuring ngadeukeutan nu keur arulin, kabéh sok ngaropénan. Aya nu ngawuran ku taneuh ngebul, nu malédog, nu ngadupak. geus puguh nu nyarékan mah, nu nyebut budak kuleuheu téa, budak bau téa.
Ngadéngé anakna ngomong kitu, Ambu Warji ngahuleng baé, teu lémék teu nyarék. Kawas anu aya dipikiran atawa néangan piomongeun.
Si Warji pok nanya ka indungna, "Ema, naha ari kuring teu meunang gelut ? Geuning ari barudak séjén mah ari aya kakeuheul ka baturna téh, sok ger baé garelut, nepi ka salahsaurang aya nu éléh. Budak nu meunang gelutna pohara sssenanguenana, ku babaturanana tara pati diheureuyan teuing, Kumaha ari kuring ? Beu, kuring mas sumawonna budak saluhureun, sahandapeun ogé kacida ngahinana. Kacida nguntupna, da nyarahoeun yén kuring mah tara ngalawan."
"Ih, anaking." ceuk indungna, "Jelema mah taya bayana nu sabar."
"Mending..." ceuk Si Warji, geuning karasana ku kuring mah sabar teuing téh pohora dinyenyerina jeung dicacampah ku batur. Sirikna teu nincak hulu baé batur téh.
"Keun baé da engké mo burung meunang wawalesna", ceuk indungna.
"Ih, nu matak, kamari gé kuring pada nyarékan téh euweuh saurang-urang acan nu manglawankeun, sumawonna nu mangmaleskeun. Engké deui mah mun aya nu harak, ku kuring rék dilawan baé satékah poleh, nya Ma ? Cag. Dicutat tina Budak Teuneung Karangan Samsudi 1982.

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Sunda Budak Yatim

Posting Komentar