Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang

Dijual Buku Antik dan Langka


Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang

Sasakala Situ Cikuda

Di tutugan gunung Manglayang aya situ harieum jaba jauh ti lembur baréto mah matak langka pisan kasaba. Cinyusuna aya sababaraha liang. Caina hérang ngagenyas, tara kungsi saat sanajan halodo ogé. Tatangkalan anu aya di lebah tonggoh tara diganggu, sabab éta mah sumber cai.

Dina hiji poé aya nu rék ngamandian kuda, kuda tunggangan alus pisan. Jigana mah nu nungtunna malaweung. Kuda téh leupas, berengbeng lumpat ka kulon hihieuman. Tariking cilaka éta kuda tikoséwad di lebah lamping beulah kulon, gebrus waé. Jelema daratang, tapi ari ancrub mah taya nu wanieun. Sabab lebah dinyamah jero pisan. Tungtungna éta kuda téh paéh titeuleum.

Ti harita éta situ dingaranan Cikuda. Malah lembur nu euyeub aya disabudeureun ogé katelahna teh lembur Cikuda. Dicutat tina buku Piwulang Basa 4c. Drs. Tatang Sumarsono-Drs. Taufik Faturohman. Gegersunten-Bandung 1991

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang

Posting Komentar