Imah Panggung Khas Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

imah panggung has sunda


Baheula mah saacanna mahabu imah gedong, rata-rata imah anu dijieun téh imah panggung. Imah anu di handapeunana aya kolongan. Salasahiji pangbébéda antara imah gedong reujeung imah panggung nyaéta imah panggung mah miboga kolong, sedengkeun ari imah gedong mah henteu aya kolongan. Di handapeun palupuh atawa titincakan di jero imah, imah panggung mah aya lolongkrang anu kosong, kira-kira satuur nepikeun ka sacangkéng jangkungna. Sedengkeun imah gedong mah langsung waé titincakan di imahna téh maké téhel anu diteundeun di luhureun taneuh.


imah panggung has sunda

Pikeun nahan imah supaya jangkung tina taneuh tempat nyieun imah, maké batu anu disebut tatapakan. Di luhureun tatapan ditumbu ku tihang pikeun ngadegkeun imah. Salian ti aya kolong di handapeunana, imah panggung mah biasana mah osok dikidingan ku bilik tina anyaman awi atawa tina papan kai. Ari dadampar atawa titincakan di jero imah, anu dipaké téh teu leupas tina papan kai atawa palupuh (leunjeuran awi anu dicacag supaya bisa diratakeun).

Di hareupeun imah atawa di hareupeun lawang panto osok aya tempat pikeun unggah ka jero imah anu disebut golodog. Saméméh asup ka jero imah, di rohangan hareup kadang osok aya rohangan tepas. Sumber
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Imah Panggung Khas Sunda

Posting Komentar