Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Dijual Buku Antik dan Langka

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur1

Sajak Gunung Guntur Amit Mundur
Ngitung waktu taun-taun
pribadi ti pabinihan, ditebarkeun ku kersa-Na.
ayeuna mangsana babut, hayang dirintahkeun
dina kotakan nu leuwih lega

Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola
kelas hiji, kelas dua, kelas tilu;
ti kelas tilu naék ka kelas opat, kelas lima,
ti kelas lima naék ka kelas genep, cacap paneja

Nuju balitungan dinten ieu abdi sadaya
sareng taun-taun nu kalangkung
sareng taun-taun nu bade dongkap

Wangunan sakola nembongan ngajajar
ras waktos abdi diajar
Ibu Guru Bapa Guru nareuteup abdi,
bet ras waktos diwulang kamari
Seueur titinggalan, seueur raraosan.

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur 2

Kinanti
genep taun nungtut élmu
supaya boga pangarti,
mimiti diajar maca
ngitung hiji sareng hiji
ayeuna geus taram-taram,
Alhamdulillah ya Rabbi.

Ibu miwah bapa guru,
teu kendat ngawulang ngatik,
sanaos tangtos kaluman.

Ibu miwah Bapa Guru,
teu kendat ngawulang ngatik,
sanaos tangtos kaluman,
seueur kaunaa diri
tapi aranjeunna sabar
éstuning guru pinuji.

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur 3

Sajak
Kitu deui adi-adi
nu rék ditinggalkeun
bangun nu keur mileuleuyankeun.
Urang meunang ngarasa waas jeung kelar,
tapi teu kaci nalangsa.
Satemenna nalangsamatak cikeri
cikeri matak leutik ati.
Gedékeun haté marengan sarangéngé
nu rék nyaangan poé !

Tegerkeun rasa mareangan mangsa
nu rék mukaan panto jaga !

Urang boga rébuan sarangéngé
boga rébuan isukan.
Teu kudu salempang
kitu adi-adi, mangka terang.

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur 4

Sinom
Sinom sekar tumalatan,
pikeun kabéh adi-adi,
kelas lima, kelas opat,
kelas tilu, dua, hiji,
harepan taya deui, dialajar masing junun,
sangkan bisa kaala
hasilna bukti pangarti,
poma pisan hidep ulah lalawora

Urut urang babarengan
hirup sakulah-sakolih,
ayeuna kudu paturay,
keun baé tong jadi pikir,
sugan ngahiji deui,
di sakola leuwih luhur
SMP jeung Tsanawiyah,
atawa henteu mustahil
bareng gawé di lingkungan masarakat
Dicutat tina: Panggelar Basa 6. Buku Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid Sakola Dasar Kelas 6

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Posting Komentar