Carita Wayang Pandawa Lima Dina Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

Carita Wayang Keluarga Pandawa Lima Bahasa Sunda

Pandawa Lima
Dina carita wayang, aya anu disebut Pandawa Lima. Ieu téh jujuluk pikeun lima satria, Putra Prabu Pandu Déwata. Éta satria anu lima téh nya Éta Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.

Pandawa Lima téh kawéntar satria anu gagah, sarta teuneung ludeung dina ngabéla bebeneran. Musuh Pandawa téh nyéta Kurawa tu ngara Astin. Perangna Pandawa jeung kurawa disebut Peratang Batara Yudda, tempatna di Tegal Kurusetra. Kurawa ahirna kasoran. Pandawa unggul dina perangna, sanajan ti dua pihakanana ogé loba korban.

Yudistira téh cikalna. Ku kituna boga hak jadi raja di Amarta. Yudistira sakapeung sok disebut Semiaji, sipatna tara bohong. Lamun nyarita sok Satarabasna, tara aya anu disumputkeun. Yudistira boga jimat Layang Kalimusada.

Bima anak aku kadua, sok disebut Werkudara atawa Aria Séna. Pangawakanana jangkung gedé, kawéntar ku tanagana nu bedas, sipatna kasar, ana nyarita sok teugeug jeung teu bisa alon, tapi ari haténa mah beresih.

Arjuna atawa Janaka pangawakanana jangkungleutik tur rupa kasép kacida. Arjuna téh satria anu luhung élmuna tur pariigel dina ngagunakeun pakarang perang.

Yudistira, Bima, jeung Arjuna téh putra Pandu ti Déwi Kunti. Ari Nakula jeung Sadéwa mah putrana ti Déwi Madrim. Nakula jeung Sadéwa téh dulur kembar. Duanana ogé kawéntar satria anu tuhu kana papancén. Cag. Dicutat tina buku basa Sunda Piwulang Basa. Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid Sd 4c.

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carita Wayang Pandawa Lima Dina Bahasa Sunda

Posting Komentar