Dongeng Sunda Sakadang Mencek nu Eling ka Pangeran Bagean Ka-2 Tamat

Dijual Buku Antik dan Langka


SAKADANG MENCEK JEUNG MAUNG


Abdi pun Mencek teu daya teu upaya,neda disalametkeun ku Gusti tina ieu bahaya Ajag sareng Maung anu bade ngamangsa."

"He Ki Ajag ! Ki Maung ! wilujeng sumping. Tangtu anjeun ge cara kuring hanaang ku cai,lapar ku dahareun. Mangsa urang ngaleueut, da ieu sedong teh paparin Allah keur sarerea!"

Maung jeung Ajag silih herengan. Kaget ku mencek,jadi capeteang jeung wanian kitu.

Walon Maung : bener omongna maneh kitu. Aing teh hayang nginum jeung lapar. Keur nginum aya cai,keur lapar aya maneh!
Maneh ge nya kitu keneh,keur nginum aya cai,keur eusi peujit aya jukut.

Ceuk Ajag:maneh lain keur ajag,tapi aing nu boga hak. Sumawonna maneh,Ajag ge ku aing katenjo datangna. Lantaran aing pangheulana neuleu, jadi aing boga hak ka maneh !.

Ceuk Mencek : " naha asa ngariung teu puguh ngaromong teh! Na teu nyaho saha kula? Hulu kula enya mencek,malah geus tandukan. Tapi awak mah geus jadi anak anak Lodaya. Jadi kabeuki kula mah nya jukut nya daging Ajag. Kula kakasih Allah,tanduk kula matih. Saha nu ditubruk,sakallli ge lastari nyawana, dagingna dipake sarapan. Teu manggih Ajag ngahakan jukut Teu manggih jukut ngahakan Ajag.

Maung jeung Ajag bengong,samaruk enya kitu teh. Malah Ajag mah ngarasa sieun.

Ceuk mencek :"ayeuna kula moal dahar daging,da aya jukut. Top bae ajag mah keur Maung,da maung teu beuki jukut. Atawa sabalikna,Maung keur Ajag,mun teu beak kula agehan keur engke nyeubeuhkeun. Minangka bibilasna teh daging!" Rot bae mencek mah nginum saseubeuna jeung tuluy  nyatuan pura-pura taya kasieun.

Der bae Ajag jeung Maung galungan,silih gegel silih banting perebut nyawa.Saha nu eleh eta dihakan! Kitu ceuk hate duanana. Nepi ka mencek seubeuheun ge, nu gelut mah acan aya nu eleh.

Geus seubeuh mah biur baaae Ki Mencek teh kabur ngajauhan,salamet. Bari teu poho dina hatena,yenAllah nu nyipta sakumaha kaajaiban alam.

Kumaha nu parebut nyawa?

Ajag jadi pincang jeung lolong dikerewes Maung,tuluy lumpat.
Maung sempal pingpingna teu bisa hudang digerewek Ajag ti barang prung diadu teu lesot.

Tungtungna nu murka teu inget kana ka_agungan Pangeran teh, paraeh.  TAMMAT.
Bagian ka 1 na di dieu ... 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sakadang Mencek nu Eling ka Pangeran Bagean Ka-2 Tamat

Posting Komentar