Dongeng Sunda Sakadang Mencek nu Eling ka Pangeran Bagean 1

Dijual Buku Antik dan Langka




Dongeng Sakadang Mencek nu Eling ka Pangeran
Di leuweung-leuweung di tegal-tegal nu biasa jukutna hejo lembok ngalakonan garing kerenteng lantaran katiga entak-entakan. Daun jati rugul daun karet kitu keneh. Katenjona siga geus paraeh. Tatangkalan sejen aralum, dalah nu di sisi walungan ge teu parucukan.

Di mamana cai saat ngoletrak. Nu aya hejo-hejo teh jukut subur keneh, ancal-ancalan sakurilingeun nu aya cinyusu, tinggerembel jarauh.

Mencek jajaka tandukna karek nongtot,katalimbeng hayang nginum. Tinggaleun ku bangsana nu geus papada liaaar,neangan keur eusi peujit.

Ki mencek susah jeung leuleus. Bru nyuuh deku cara manusa. Hatena ngajerit neda pitulung Nu Agung, sangkan dipaparinan manggih cai jeung jukut. Tos sujud, lapat-lapat di nu jauh bet nenjo aya gerembel-gerembel ngarungunuk tatangkalan subur. "Di ditu mah aya cai,aya jukut" ceuk dina hate ki mencek teh. Lenghoy bae sakadang mencek teh ngajugjug tempat nu katenjo tadi. Nyorang tegal upluk-aplak, tegal eurih siil,kaso sesa seuneu. Nepi ka manehna curang-coreng ku mehong, tepa ti kadupakan saparat-parat jalan.

Ari jol teh enya bae aya cai mani ngagenclang herang. Gening aya sedong cinyusu nu angger ngocorna jukut-jukut sabudeureunana.

Sakadang mencek maggih jukut seger teh,teu geuwat-geuwat kop. Teu rusuhrusuh nginum, najan tikorona geus garing ge,teu geura-geura nyatuan. Tapi sujud deui ka Nu Agung,nganuhunkeun heula. Ari enggeus tarapti kitu,karek ge arek rot, jauh ti manehna aya ajag nyanggereng arek ngamangsa.

Saenyana ari si ajag asa-asa ka Mencek,pedah awakna corong ku mehong. Mana teu gep gerewek ge kku panglingeun jeung heraneun,ari bulu siga bulu meong loreng,ari hulu siga hulu mencek.  rek ngarontok bisi anak maung. Da teu wani bisi indungna ngarah. Teu dirontok ,da siga hulu mencek. Nu matak Si Ajag agag-agaan ge.

Singhoreng lain Si Ajag bae nu kitu teh. Da di luhur kai ge aya maung tutul,keur ngintip sato nginum rek dimangsa. Breh aya mencek kitu buluna,sarua panglingna jeung Ajag tadi. Teu ujug-ujug dirontok ku manehna.

Ki mencek teu nyaho yen aya maung di luhureun manehna, nyaho-nyho ari geus turun ka handap, sieun kapiheulaan karebut mangsana ku Si Ajag.

Tungtungna Ajag nyangerengna ka maung. Maung ge rek ngerekeb Ajag. Ki Mencek kagetna leuwih-leuwih, lain kaget bae tapu sieun. Tangtu manehna ngemasi pati mun direweg ku eta du berhala galak teh. Ku hiji ge bakal teu walakaya,sumawonna ku duaan.

Sajeroning eta dua sato silih herengan, Ki Mencek sujud deui nyambat ka Pangeran :

          Nun Allah nu Maha Alus
          Allah Nu Maha Sampurna,
          Allah nu Aya Salawasna,
          Allah Nu Maha Welas Asih,




          Allah nu uninga,
          Allah nu Aya di mana-mana,
          Allah Nu Maha Kawasa. 

Nyambung ka bagean - 2 klik di dieu  
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sakadang Mencek nu Eling ka Pangeran Bagean 1

Posting Komentar