Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan

Dijual Buku Antik dan Langka



upit sarimanah
"UPIT SARIMANAH"
PENYANYI SUNDA TEMPO DULU"


Dina waktu kasemahan sok sumawonna di nu teu boga, dalah di nu sayaga oge, di nu rea dahareun , sok rajeun bae manggih pikaeraeun, lain dihaja.

Geura di nu teu nyampak dahareun aya kajadian aneh, saperti di kulawarga si Kabayan.

Si Kabayan Kasemahan ku babaturanana anu geus lila teu panggih ...

Si Kabayan : " Aeh-aeh bagea! Ti mana ampleng-amplengan teuing, geus sabaraha lilana urang teu panggih? "

Semeh: " Yaktos,aya bae manawi tilu taun urang teu papanggih? "


Si Kabayan: " Naha ti mana atuh ngalalana teh? "

Semah:

" Tebih, teras masantren ka Tasikmalaya."

Si Kabayan: " Euleuh, sukur teuing.


Si Kabayan tuluy ngageroan Si Iteung nu jadi  pamajikanana:

" Iteung buru geura nyangu, ieu aya dulur akang jaman dipasantren!!! 

Si Kabyan:

" Mangga calik Waas nya kang, baheula jaman urang ngaliwet."

Semah: "Yaktos asa jadi daging harita mah,sing sarwa ni'mat. Sanes bet geus poek, hayang ka cai akang mah."


Si Kabayan:

" Mangga ka dieu bae ka pipir angkatna." Ceuk Si Kabayan.

Si Iteung tuluy nyokot beas anu ngan kari sakobokan deui, kitu ge keur isukan. Lantaran keuheul ka nu jadi salaki, ngelek boboko teh bari ngutruk rek ngisikan.


Ari Semah tea kumisan sarua jeung salakinaSi Kabayan, dinu rada poek keur cingogo,ramang-ramang. Disangka ku Si Iteung teh Si Kabayan salakina,  jol disampeurkeun bae bari dijenggutan kumisna sarta ngomong haharewosan:

" Naha keur teu boga beas,make disina dahar semah teh."

Ki semah teu ngajawab ngan leos bae indit teu bebeja acan, bari nyabakan kumisna nu dibedolan ku Si Iteung. ***



Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946. Baca selengkapnya > 


Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula. Baca selengkapnya > 

Biografi Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat Bahasa Sunda


Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Baca selengkapnya >

Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut


Kocapkeun ti barang leumpang, Si Kabayan geus dedegeng bae ngadedetkeun bujurna supaya hitut. Enya bae, kusabab geus disadiakeun ti anggalna, bujur Si Kabayan disada tarik pisan. "Duuuttttt ..." Baca selengkapnya>

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan

Posting Komentar