Dongeng Sunda | Nu Ngageugeuh Citarum

Dijual Buku Antik dan Langka


dongeng misteri basa sunda


Nu Ngageugeuh Citarum
Kapercayaan tina hal mahluk gaib geus turun-tumurun ti jaman karuhun urang nepi ka ayeuna. Ku kituna teu matak heran pama di unggal daérah padu-padu ngabogaan kaanéhan tina hal bangsa gaib atawa mahluk lemes. Kapércayaan ayana istri gaib Nyai Loro Kidul méh dimana-mana di nagara urang aya, béda dina rupa-rupa caritana.

Dina jaman moderén kiwari kana soal nu gaib loba nu nganggap tahayul. Bohong cenah sanajan kajadian-kajadian gaib mindeng pisan ayana. Kana nu rék dicatakeun ieu dihandap, percaya henteuna mah nyanggakeun baé :


Aya kajadian dina hiji dinten rakyat anu padumukanna deukeut ka Citarum ribut sabab aya nu tumpak parahu ngadadak tilelep di Citarum. Kabéh jalma pada geumpeur. Palika (tukang teuleum) ditumplekkeun pikeun neangan nu tilelep, ngan hasilna nihil. Tungtungna mayit anu jadi korban téh kapanggih mangsa magrib ku tukang ngala lauk urang Teluk Jambé, kira-kira opat kilo metér.



Citarum - Sanghyang Tikoro Rajamandala  1880'an

Ceuk jalma anu ningali éta mayit téh awakna pinuh ku liang-liang leutik, ieu téh ceuk pacariosan, manéhna jadi korban Lembu (sapi) nya éta mahluk gaib pangeusi Citarum. Ceuk pacariosan nu séjéna deui nu kawénehan bisa ningali éta sapi gaib biasana dina waktos Citarum keur rada saat caina atawa dina mangsa caang bulan opat welas. Sapi téh sok kapanggih keur depa dina luhur keusik.

Baheula saméméh tentara Jepang datang ka urang dina tungtung sasak Rajamandala peuntas beulah kalér di sisi lamping muara Cihéa aya pondok (imah leutik) nenggang ti padumukan rahayat nu séjéna.

Pangeusina hiji nini-nini, awakna bongkok, leumpangna jumarigjeg. Saurang ogé teu aya nu nganyahokeun timana asalna eta nini-nini téh, da kanyahoan-kanyahoan geus gaduh pondok baé didinya, lebahna handapeun tangkal asem. Eta nini téh nunggelis, ari nu ngabaturanana nya éta ucing, lobana limapuluh, lalingas naker ku nu lian teu beunang ditéwak atawa dico-o.


Pameuntasan di walungan Citarum taun  1880'an

Ceuk caritaan mah éta nini teh disebut nini Rentas, aya na didinya téh margi kenging panen ti Cirebon, supanten ngarumat kaayaan Citarum bagian Rajamandala beulah kalér. Jalma-jalma anu kapeutingan di éta tempat sering marondok di nini Rentas. Loba nu nyarita yén nini rentas téh lain jalma biasa, ogé ucing anu sakitu réna lain sa-ucing-ucingna. Ucing anu sakitu lingasna téh ari ka Nini Rentas mah kacida lalindeukna.

Kungsi aya kajadian supir treuk mobilna mogok di éta tempat. Ucing nu sering katingali upama beurang sagedé-gedé ucing biasa téh harita mah, peuting robah katingali jadi sagedé kuda.



Walungan Citarum baheula taun  1880


Dina waktuna Jepang mimiti kawasa di urang, Panén Nini Rentas geus séép. Nini Rentas jeung ucing-ucingna ngilesna duka kamana. Ceuk béja sakapeung, Nini Rentas sok nembongan, ngajirim, jadi ngageugeuh di Leuwi Peundeuy nepi ka Leuwi Jurig.

Nurutkeun katerangan ti aki Sa'i, Kuncén Cihéa, anu jadi dedemit Leuwi Cipeundeuy, Leuwi Jurig, Leuwi Reunghas, Leuwi bungur, Leuwi Teureup, dugi ka Leuwi Ono nya éta Embah Jaleug, ieu Embah Jaleug baheulana hirup di Citarum jadi tukang ngala lauk. Ari tempat anu dianggap réana dedemit nya éta Leuwi Ciakar, hiji tempat anu sarupa guha di luhureunana hieum ku tatangkalan. Ceuk jalma nu geus kawénéhan mah di éta tempat téh kacida lobana sato-sato leuweung kayaning monyét, maung, lutung jeung sajabana.

Aya salahsaurang (ahli teuleum) di tempat éta waktu keur teuleum néangan jelema anu leungit di dinya, hiji waktu éta palika gagancangan timbul deui ka luhur bari hariweusweus cenah manéhna nyagap salahsahiji barang anu nya gedé nya panjang karasana geunyal jeung leueur ceuk kapercayaan éta nu panjang jeung gedé téh sato nu disebut oray Lembu anu geus mangtaun-taun aya didinya. Kahakananana ngan ngadagoan bangké-bangké sato atawa manusa anu kabawa palid ka dinya. Di lebah Ciakar pangmindengna aya jalma anu keur ngala lauk atawa meuntas tilelep. Dicutat tina : Koran Sunda Kudjang Juma'ah 8 Agustus 1975  Baca berikutnya 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Nu Ngageugeuh Citarum

Posting Komentar